Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ku dumeh pupuhunan,
nu jadi luluhur,
anu ngaraksa nagara,
beuki lila nagara teh beuki seungit,
lega bawahanana.

Pon nya kitu dayeuhna nagari,
gancang pisan ngalegaanana,
beuki gede-beuki rame,
dugdeg gedong aralus,
sumawonna wewengkon puri,
kawas jadi tangara,
pidayeuheun agung,
rame tur kerta raharja,
panjang punjung pasir wukir loh jinawi,
enyaan pangraksana.

Pangna jasa jumeneng Narpati,
Raja Agung Raja binatara,
nya pitulung Banyak Wide,
Sang Wiraraja mashur,
anu ngaping Sang Narapati,
ngupaya nyiar akal,
tarekah nu mampuh,
geusan ngahontal kamulyan,
nya anjeunna anu ngulik ngolah nagri,
nepikeun ka hasilna.

Jadi tangan-tangan Sang Narpati,
nomer dua ti pangkatna Raja,
kawasa lir Raja bae,
beulah wetan nya mengku,
marentahna sabeulah nagri,
nu lianna teu tinggal.
mareunang panaur,
putra Arya Wiraraja,
enya eta Sora jeung dulurna Nambi,

67