diganjat kapangkatan.
Rangga Lawe oge henteu kari,
meunang pangkat anu satimbangan,
Kuwu ge pon kitu keneh,
Kuwu nu di Kudadu,
diganjarna ku Sri Narpati,
sakabeh eta tanah,
wewengkon Kudadu,
estu dilelerkeun mutlak,
meunang turun tumurun terus ngamilik,
beresih nu manehna.
Teu kaliwat sakabeh dibagi
nu bumela mareunang ganjaran,
kocap anu jadi katong,
landung galih pangemut,
dalah enggeus jadi narpati,
manah tetep rumasa,
lain terah ratu,
ngan saukur mantu raja,
bener wargi ka Kartanagara Aji,
tapi geus laer pisan.
Lain wajib anu nampi waris,
jadi raja jalan rogahala,
kaprabon meunang ngabedol,
tidinya heg kaemut,
sangkan jadi repeh jeung rapih,
lugina jadi raja,
kabeh putra ratu,
putrana Kartanagara,
opat putri henteu aya anu kari,
ditikah sakabehna.
Nu saurang enggeus kapimilik,
Prameswari Putri Tribuana,
nu tiluna deui oge,
Kaca:Babad Majapait.pdf/68
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
68