Dyah Suhita jujuluk,
nelahna teh Sri Maha Dewi,
dua Prajnapramita,
Gayatri nu bungsu,
opatanana ditikah,
di antara eta opat para putri,
anu punjul saurang.
Enya eta Dewi Rajapatni,
atawana Prajnaparamita,
ku dumeh putra Narpatos,
ti garwa nu lulugu,
ku hal eta harkatna leuwih,
leuwih ti saderekna,
kawasana punjul,
reujeung salian ti eta,
nikah deui ka Putri Sri Indreswari,
atawa Dara Petak.
Tapi eta ngan saukur gundik,
putri candak ti pulo Sumatra,
cohagna beunang ngaboyong,
ayeuna urang catur,
Sang Narpati puputra putri,
reana ngan duaan,
Dyah Wiat nu bungsu,
katelahna geus ageungna,
Raja Dewi Maharajasa kawangi.
Putri Pupunden Daha.
Sri Tribuanatutunggadewi,
Jayawisnuwardani nu cikal,
mustika eusi karaton,
sarta terus kamashur,
Sri Breng Kahuripan nu wangi,
jenengan keur bureyna,
Sri Gitarja ayu,
Kaca:Babad Majapait.pdf/69
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
69