tah eta putra jeng Raja,
terah Prabu Kartanagara suargi,
teu aya pamegetna.
Tatapina kagungan ti gundik,
nya eta ti Dara Petak tea,
putra segut turta kasep.
Kala Gemet sinebut,
tah sakitu putra Sang Aji,
jadi tilu jumlahna,
sekaring kadatun,
pencaran mimiti pisan,
anu bakal ngolah nagri Majapait,
tumurun patarema.
Kocap deui putra Sri Narpati,
Kala Gemet nu pameget tea,
ramana banget hawatos,
tina anjeunna emut,
pedah putra kenging ti selir,
lain terah Narpatya,
sok sieun nalapung,
darajatna teu kahontal
ku hal eta gilig manah Maha Aji,
sang Putra teh diangkat.
Dijadikeun Pangeran Dipati,
gadang raja hamengku nagara,
dimana pupus Pagusten,
ayeuna anu puguh,
dijenengkeun Raja Kediri,
harita teh yuswana,
kakara sataun,
mangsa harita ninggangna,
dina taun srebu dua ratus leuwih,
salapan puluh lima.
Jujulukna Pangeran Dipati,
Kaca:Babad Majapait.pdf/70
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
70