Sang Sri Jayanagara nonoman,
nya Raja Kediri ongkoh,
wireh burey Sang Sunu,
geusan ngurus ngaraksa nagri,
ibuna ngawakilan,
satungtung Sang Sunu,
teu acan nincak.sawawa,
banget pisan bingahna Sri Indreswari,
ngemutkeun darajatna.
Kakocapkeun geus lawas Sang Aji,
Kertarajasa Wisnuwardana,
di Majapait ngaraton,
geus cunduk kana waktu,
kana mangsa mistina mulih,
mulang ka kalanggengan,
Sang Sri Nata pupus,
taunna mangsa harita,
srebu tilu ratus salapan Masehi,
geunjleung sakuliahna.
Agamana tumut Batara Tri ¹)
babakuna Siwa nu disenibah,
jadi eta layonna teh,
diduruk teu dikubur,
cara urang Bali kiwari,
lebuna nu diarah,
eta nu dikubur,
ari lebuna Sang Nata,
dipendemna dina dua tempat adi,
jadi dibagi dua.
Sabagian dipendem di puri,
tempat anu pangpangna utama,
mernah pisan kituna teh,
---
1) Batara Tri = tilu Dewa: Siwa, Wisnu, Brahma.
71