Lompat ke isi

Kaca:Babad Majapait.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

reh anjeunna teh tugu,
pupuhunan ing Majapait,
nu jadi dangiangna,
ari nu sacupu,
dina candi dipendemna,
enya eta dina candi Sumber Jati,
kakantunan anjeunna.

Samemehna pupus Sri Narpati,
merelukeun miwarangan heula,
nyieun candi anu ’aheng,
dihias arca alus,
salira Sang Ratu pribadi,
lungguh lir Dewa Siwa,
tumungkul merebu,
eta candi teh ayana,
deukeut Blitar nya eta di lembur Simping,
arcana masih aya.

Ayeuna mah aya di Batawi,
disimpen di jero Gedong Gajah,
Gedong Arca cek sawareh,
tutug anu dicatur,
kaahengan di Majapait,
sasakala dangiang,
Wijaya nu pamuk,
tutas tamat lalakonna,
sarta ngantun Majapait kebek wangi,
sumirat lir udaya.

72