BUBUKA :
NYOREANG KA TUKANG
Urang rebut bae bangkarak, ieu karangan teh. Bangkarak jaman nu geus lain-lainna deui, ditilik ti jaman kiwari mah.
Ku kituna, upama jejer carita ieu karangan teu sapuk jeung jaman ayeuna teh, pantes, da nu dipitonkeunana oge kalangkang sakitu puluh taun ka tukang!
Cara kieu upamana:
Walanda nu rek perlop atawa rek mulang ka nagrina lantaran pangsiun upamana, nu ribrib ban mampuh mah, sok aya nu mawa babu, salila dina kapal teh, nepi ka Amsterdam atawa Rotterdam. Tuluyna mah disina mulang deui bae, dina kapal nu pangheulana balayar ka Indonesia. Nu matak disebutna oge "babu laut" atawa "zeebabu" basa Walandana.
Henteu loba nu disebut babu laut teh, lantaran kudu nu geus boga pangalaman. Nu geus boga pangalaman sakali, sok beuki remen, da pada butuh ku nu geus boga pangalaman mah. Sabalikna nu tacan boga pangalaman, hese kagiliranana teh, lantaran kudu ngabaru heula. Aya ngaran Napsiah — Empo Enap katelahna mah — urang Pasar Minggu, Jakarta, nyorang sababaraha balik manehna mah ka nagara Walanda teh.
Ku lantaran henteu loba tea, ilaharna sok kudu disiar babu kitu teh. Ku jalan tatanya ka nu wawuh, muntang ka kantor panempatan tanaga nu jaman harita disebut "arbeidsbeurs",atawa masang sambunglayang dina koran.
Kungsi jadi carita, aya Walanda nu rek mulang ka nagrina, nya kitu perlu ku babu laut, masang iklan dina koran "Java Bode" asana. Ari jol datang anu ngalamar, cenah jajaka ngakukeun ngaran Budiman. Puguh bae hookeun mah nu masang adpertensi teh, disangka nu kasalahan. Beuki hookeun deui, barang tetela lain anu kasalahan, sanggeus jajaka tea daradad nyaritakeun maksudna sabalakana. Lulusan H.B.S. lima tahun cenah manehna teh, niat neruskeun sakolana ka nagara Walanda. Tacan bisa miang,