Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi







I

Kuring datang henteu ngabejaan heula. Ngahaja hayang "verrassen" manehna. Ngabohong kuring nyebutkeun indit ras jig teh, dadaku niat ngadadak. Da saenyana mah geus dicileuk ti behditu keneh. Ti barang datang ka Bandung, balik ngalongok manehna, genep bulan ka tukang.

Lontar nu nu jadi bubuka guntreng kuring sadatang-datang teh. Lontar nu kasampak ku kuring keur diilo ku manehna. Cenah tamba kesel di imah ngan ukur kadua bujang, ditinggalkeun ku kolotna ka Surabaya geus dua peuting.

Tuluy papanjangan, da kuring nyebutkeun geus apal ti bubudak keneh kana sisindiranana mah, "peso pangot ninggang lontar" teh. Lontar nu ceuk manehna daun siwalan, kakara bisa ditulis lamun geus garing. Masih keneh prah di Bali mah cenah, dipake awig-awig atawa kakawen, wawacan. Terus nyaritakeun eusina, lontar nu keur dibaca ku manehna. Cenah petikan tina Ramayana, palebah minangsaraya ka Sugriwa, nambak sagara, ngabedah Alengka, nepi ka beunangna deui Sinta.

Saregep pisan nyaritakeunana teh, mani kawas nyaritakeun lalakonna sorangan, manehna Sinta-na. Kuring mah heueuh-heueuh bueuk bae, da teu resep. Resep soteh nanggap manehna. Nu matak di ayonan bari lulucon bae.

,,Salah ceuk engkang mah Rama teh, cacakan titising Wisnu

15