mah!" Ngahaja ngaheureuyan manehna, megat kalimah.
Manehna ngarandeg. Sakedapan neuteup ka kuring, nepi ka kuring teges bener kana cureuleuk panonna.
Beuki dihajakeun ku kuring teh. Hayang nyaho kumaha pipokeunana.
„Geura", ceuk kuring: „ongkoh dibelaan sarakah, kuru kuru-lang-kuriling, Tara-balangsak henteu dirasa, ari geus beunang diduruk, ... lain salah, tah?"
Bangun pohara henteu sapukna manehna malt, ngadenge pok-
pokan kuring kitu ka Rama teh. Boh sikepna, boh ucapna, ngadadak beuki saregep, nepi ka siga nu rek nawajuhan ka kuring teh.
„Engkang," pokna sanggeus sajongjongan ngahuleng: „Rama ku anjeun mah henteu waswas, henteu mangmang ka geureuha teh. Waspada anjeunna mah kana kasucian Sinta. Anu mawi sanaos diduruk oge moal teurak. Nimbalan ngadamcl pancaka soteh, kangge ngayakinkeun anu canes, bilih diantawis pangiring aya nu mangmang. Atanapi parantos kaaos ku kawaspadaan anjeunna, aya nu gaduh emutan kitu, dumeh kantos aya taunna geureuha dikungkung musuh, Rahwana. Kari-kari ku anjeunna diangken keneh geureuha."
„Ke heula," ceuk kuring. Keukeuh hayang naker kapanggeran manehna. „Naha atuh ari Rama waspada mah Jatayu ujug-ujug dibunuh? Kapan eta teh anu mantuan, nyoba-nyoba ngarebut Sinta ti tangan Rahwana, lain?"
Aya keneh bae kateranganana teh. Cenah, „eta mah engkang, diva saat Rama diwisesa ku gogoda, gugup. Jatayu ujug-ujug dipanah soteh. Didamel lantaran Jatayu manjing sawarga, diteteda-keun ku Rama, saparantos soleh deui manahna."
Kayungyun kuring ku cara manehna ngabela pahamna. Lain ku alesanana. Lain ku kateranganana. Eta mah asup ti kenca, bijil ti katuhu bae di kuring mah. Kayungyun soteh ku petana nyarita. Manehna nu carang takol, biasana nyarita saungkab peundeuy, naha da mani ngadak-ngadak capetang ngababar Ramayana mah. Galindeng sorana anu mepende kuring mah, lain dongengna!