„Heug,” ceuk kuring. „Engkang percaya kana kawaspadaan Rama ngeunaan kasucian Sinta. Anu engkang masih mangmang, kana kasatiaan Rama ka Sinta. Kana kacintaanana atuh, ngarah tetela mah, bisi kudu diceplakkeun!”
Manchna ngahuleng sakeudeung. Pok deui: „Naha lara sangsara Rama aya taunna teu cekap, kangge bukti, engkang? Naha eta sadayana, peperanganana bari meh-meh nyorang kadeseh, kirang keneh?”
Ditetelakeun ku kuring ka manehna, memang : enya mahal pameulina Rama bisa ngarebut deui Sinta teh. Embohna tina sedih-prihatin, lara-sangsarana Rama sorangan teh, ngahudang perang tutumpuran deuih. Leuwih ti kitu, ari geus kacangking, Sinta kudu nyorang labuh-geni, dilalara ku rasa teu dipercaya. Ditimburukeun ka musuh bae, cindekna mah. Ari geus tutas eta kabeh, mulih ka nagara, naha atuh ahirna teu burung sasat ditundung, diasingkeun nepi ka riwayat kapaksa pegat?
„Tamat engkang, sanes pegat. Riwayat Sint enggoning ngalakonan darma, tamat. Darma dianggo lantaran tamatna lalakon Rama ngabasmi rereged bumi; buta murka nu sok harak ngagalaksak. Eta ongkoh nu dianggo taroh perang rongkah ngabedah Alengka oge saleresna mah, engkang. Sinta didamel lantaran numpes rereged jagat, sipat murka hiri-dengki, hasud-takabur sareng sabangsana. Sinta diasingkeun ka nu suni, saparantos lami linggih di nagara. Eta oge nuduhkeun kapunjulan Rama ti manusa biasa, salebet kumambang kana darma teh, engkang. Jalaran abdi-abdi keukeuh patingkecewis lami-lami mah, ngupat Sinta pedah nyorang lami di tangan musuh.
Rama titising Wisnu, engkang, nu darmana ngaraksa kateng-treman nagara ngurung katengtreman angen abdi-abdina, dunya katut pangeusina malah. Tangtos kedah kituna, nyingkahkeun Sinta nu jadi lantaran timbulna sangkaan nu lain-lain.
Henteu pambengan kangge Rama mah, da sanes nyingkahkeun lantaran geuleuh, namung kajurung ku nyaah. Nyaah ka geureuha, ulah jadi bubulanan kaawonan, bari welas-asih ka abdi-abdi, ulah sina boga bahan keur goreng sangka. Da Rama mah waspada, sapertos nalika miwarang ngadamel durukan bae, kasucian Sinta