moal tutung ku timburu, moal teurak ku panyangka...."
Lucu ku keukeuhna manehna mageuhan pamanggihna, paham cecekelanana, adeg-pamadeganana.
Tapi leuwih lucu deui keur kuring, ku bangun beuki conggahna manehna ka kuring. Dibawa nyaritakeun nu kitu mah, kawas nu poho manehna sok asa-asa sari era ku kuring teh. Duka upama pedah poho manehna sok asa-asa sari era ku kuring teh. Duka upama pedah harita mah di imah euweuh sasaha, nu kudu diragangan, pikaeraeun.
Nu matak beuki pogot bae kuring mah nanggap manehna teh. Beuki ngahajakeun nyundutan tangtunganana.
,,Tetela kitu payusna ratu titising Wisnu mah,” ceuk kuring ngawahan heula minangka ngomberanana, rek nyuntrungkeun ku: tapi... keur engkang mah mending keneh Rama nu luas ngepeskeun makuta, ngabelaan kasukaan....”
Teu kungsi dikebatkeun, kaburu ras boga rasa kalepasan kuring ngaheureuyan teh. Inggis matak ngagasruk mamaras rasana. Rada reuwas malah kuring kalangsu kitu teh. Rama nu ku manehna sakitu diagungkeunana, siga dipuja malah, ari ku kuring sasat dipepehek.
Tapi, alhamdulillah. Kawasna mah manehna leuwih ti apal ka kuring. Kahartieun, yen lain kitu dasar maksud carita kuring harita. Buktina manehna anu disangka arek henteu ngeunaheun teh, kalah ka ... ngadelek ka kuring, bari nyebutkeun: ,,Biasa pisan engkang mah ari tos lulucon teh!”
,,Sedana Yoga” ku manehna mah disebutna poe eta teh. Poean kuring datang nyampak manehna eukeur nyorangan. Manehna nu cenah beda ti sasari ingetna ka kuring. Manahoreng kuring geus keur di perjalanan tangtuna oge.
,,Heug naon ari Sedana Yoga teh?” ceuk kuring.
Cenah poe nu pangalusna. Poe nu teu tangtu meneranana, lantaran kudu diitung heula ku ahlina. Bari tuluy manehna nataan sarupa-rupana kajadian nu jadi tanda-tandana.
Cenah, kuring datang lir gubrag ti awang-awang. Nyampak meneran manehna keur cuang-cieung sorangan. meneran deui gubrag kuring harita teh manehna keur ngilo lontar. Heug meneran