pisan palebah bedah Alengka, tutasna papancen Rama, Sinta kacangking.
,,Naon deui?” ceuk kuring. Teu tahan mengkek kayungyun, hayang kedal.
Manehna ngahuleng sakeudeung.
,,Eta deuih,” ... pokna bangun asa-asa.
,,Naon?”’ ceuk kuring asa ganggarateun, gantung denge.
,,Engkang tara-tara ti sasari ngabasakeun ,,Ni”....”
Karasana ku kuring lain eta saenyana mah nu rek dikedalkeunana teh, ngan bangun heurin ku letah, dilebotkeun bae ka dinya.
Kuring teu hayang ngalelekan naon nu saenyana. Ongkoh kaburu inget, enya deuih kuring kakara harita ngabasakeun kitu ka manehna teh. Manehna keneh asana nu ngajalanan mah, ngan poho deui lebah nyaritakeun naon. Inget ketah, kuring keneh nu ngamimitian teh. Nanyakeun ngaran bujangna, awewe waktu nyodorkeun cai. Ngajawabna make ditembohan ku: ,,Mun di urang mah ni sareng I teh Nyi atanapi Nyai sareng Jang atanapi Ujang,” cenah.
Lebah manehna nyebutkeun ,,mun di urang mah’’, kuring kayungyun teh deuih. Manehna pituin urang Bali, ngan kungsi lila ngumbara di Bandung, ti keur kelas tilu H.LS. nepi ka tamat F.K.S. Ari harita kadenge ku kuring, manehna pituin urang Bali teh pok deui bae ngaku ,,di urang.. nu kuring!
Ti heula kungsi deuih manehna nyebut kitu teh. Waktu kuring jeung manehna balik ti Tabanan tas lalajo ngadu hayam, tajen. Pedah nyebut ,,Telenges urang Bali mah, ngadu hayam dipesoan, nepi ka loba nu bangkar!”’ Manehna nyental, magarkeun teh: ,,Di urang oge engkang, domba diadukeun, dipaksa disurung-surung, aya nu dugi ka coplok tandukna ongkoh!”
,,Enya tapi da teu disina nyoren bedog domba mah!” ceuk kuring.
Manehna henteu nembalan. Nyeh bae seurl, sari nu ngeunah asa punah ngahualkeun kitu ka kuring.
,,Ah ...,” kuring rek nyebut "bid’ah”, teu tulus. Tulusna: ,,Keur engkang mah, sapanjang urang reureujeungan, Sedana Yoga kabeh!.’