Manehna keukeuh: ,,Henteu engkang, da kedah kapendak ku ahlina, kaungel dina pakemna, puguh galurna.”
,,Aya paririmbonna?” ceuk kuring, seuri.
,,antenan aya mah, ageman para Balian,”’ pokna.
Kuring beuki panasaran: ,,Naon Balian teh?”
,,Dukun.”
,,Dukun lintuh?....”
,,Pamali engkang, ari sasaur-saur teh,’”? pokna bari saregep deui. ,,Balian Sandi, dukun lepus, nu ngagem Usada, lontar-kasusastran. Aya Usada Rare, perkawis kasawat murangkalih. Aya Usada Kacacar, ngeunaan kasawat cacar. Aya Usada Dalem, elmuning kasawat lebet. Sareng Usada Budah, rohaniah. Sadayana oge sumberna tina galur Kalima Usada sareng Buda Kecapi. Dukun nu ngagem Usada disebatna Balian Usada. Nu teu ngagem eta Balian Tatakson.”
Kuring unggeuk, bari nambahan: ,,Di mana-mana oge aya dukun mah. Nu bener lepus, manjur jampena, aya. Nu sabalikna oge teu kurang-kurang, nu tadi ku engkang disebut dukun lintuh.”’
Panjang keneh sigana picaritaeun manehna mah urusan dukun alias balian teh, ngan ku kuring ngahaja disalenggorkeun ka nu sejen. Ka nu sakira teu mamawa kapercayaan. Satengah menta dikeurseus bae terusna mah kuring teh. Keurseus basa. Nepi ka terang ka nu sok disebut ’’Nyoman’’. Cenah anak katilu atawa pangais bungsu. Malah dipake nyelang ngoconan heula ku kuring mah, ngaheureuyan manehna disebut ’Ni Nyoman!” Nu disebut Wayan” anak cikal, cenah. ’Made”’ panengah atawa anu kadua. Ari ’’Ketut”’ bungsu, cenah.
Terang ka ngaran adegan di pakarangan imahna beulah Wetan, Bale Dangin cenah disebutna teh. Candi nu diimahna, Sanggah, Pura cenah ari ngaran umumna mah. Aya Pura Banjar, aya Pura Desa, aya Pura Agung jeung Pura Subak di sawah. Irigasi cenah, harti Subak teh.
Beuki lila beuki jauh ti imah nu dipake jejer guntreng kuring duaan teh. Da anteng, betah. Teu karasa ieuh los-los kana urusan Perbekel, nu cenah asalna pisan Perebekel, nu dibere bekel atawa nu dibekelan. Kapala desa atawa lurah, kuwu, mun di urang mah,