ari Kliang kapala adat. Kapala distrik atawa wadana di urang disebutna Punggawa, manca minangka camatna. Da teu aya kacamatan cenah di Bali mah, nu aya Bendesa bae, kapala para Perbekel.
Raja Bali disebutna Anak Agung, nu tuluyna jaradi “‘Zelfbes-tuurders’’. Ari Zelf bestuurder Klungkung baheulana cenah Maharaja Bali, ngabawah para raja anu loba. Disebutna atawa gelarna Dewa Agung, terus nepi ka harita, kitu nelahna.
Aya Sangkepan anu hartina kumpulan. Paruman hartina konperensi, sabangsa seba, para Punggawa jeung Zelfbestuurder nu ngabawahna. Ari Paruman Agung cenah kumpulan atawa konperensi dines para Zelfbestuurders jeung B.B. Walanda, nu mingpinna Residen, biasa diayakeun sabulan sakali.
Naon atuh nu teu dicaritakeun? Da nyaritakeun naon oge resep jeung manehna mah. Kitu biasana, naon bae nu kapanggih, kapanggih, kadeuleu atawa kadenge. Nepi ka ngaran-ngaran poe oge: Soma, Anggara, Boda, Waraspati, Sukra, Saniscara jeung Redite teu kaliwat diobrolkeun. Cara itungan taun, Oton disebutna, nu umurna 210 poe, genep bulan nu disebut Kuningan, Kerelut, Uye,Wayang, Landep jeung Witeiga, nu umurna saban-saban bulan tilu puluh lima poe.
Tara, tara ngaleunjeur ieuh, mawur kitu bae, da nu diarah oge guntrengna!
Kagiliran kuring ngadongengkeun papanggihan di Gilimanuk. Nyaritakeun nu tarurun tina mobil Dodge hideung herang ngagenclang. No. D.K. ... poho deui, da teu dicatet.
Nu inget mah daweung-dangongna, budi-parangina kawas lain si itu si eta.
Jut turun, rada nguliat sari nu ngabatek awak. Bangun nu mamayu nangtung, cangkeul dina mobil.
Nu sejenna, dua awewe geus tengah-tuwuh, katilu mojang nu ku sangkaan umurna sedeng manceran dina wewelasan.
Anak Agung”... ceuk nu ngaharewos ka baturna, gigireun.
Supir nyokotan koper galede tina mobil. Katut babawaan lianna, besek jeung jingjingan hoe. Atuh nu kakara datang tuluy ngagimbung bae muru nu iuh, handapeun tangkal angsana sigana