Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

leutik sari wanda Srikandi. Leumpang centang, capetang nyarita bari pepeta.

Katilu nya mojang nu tas pada ngarangkulan tea, nu terus alum nguyung katenjona teh. Siga nu teu narangan, cara kumaha biasana nu keur kumambang kana kabingung.

Jadi opatan nu rek nyebrang teh, ceuk hate.

Meh teu kuat nyerangkeun nguyungna nu tas jarajap. Sajong-jongan ngajaranteng, nenjokeun kapal ka tengah, nu beuki lila beuki jauh. Saurang oge taya nu lemek. Tarungkul, aralum, bari tuluy paheula-heula kana mobil. Pantesna teh pada-pada hayang geura balik, ngarah laluasa ngabedahkeun bendungan kanalangsaan. Harita mah kabeh siga mereketkeun maneh, mendet kahareneg angen. Kaciptana sarua pada meh-mehan. Meh kawalahan.

Nepi ka ngadiusna dina mobil, saurang oge taya nu katenjo ngomong. Terus pabalem-balem bae, meded cara angkeubna awang-awang totonden rek hujan gede.

Geus aya jamna dina otobeus, ingetan kuring masih ngaliuh di Gilimanuk. Hayuh bae dibulak-balik, digayem dilenyepan, bari dipapantes disusurup, nurutkeun tulupan kuring sorangan, nu nyerangkeun ti nu anggang.

Nu opatan teh, nu nyebrang tea, ceuk ingetan, moal teu: indung, bapa, anak jeung mantu!

Teu sigana dina rupa, ceuk ingetan keneh, henteu halangan. Da rea nu kitu teh: anak teu nurun ka indung, teu ngala ka bapa. Tuluy atuh diranjing-ranjing, digalar-gilir malar akur jeung nu kabandungan harita, memeh papisah. Nilik kana budi-parangina, kana ulatna, kana tingkah-polahna.

„Teu siga!” ... ceuk hate teh.

Pek deui dipapandekeun, sugan leuwih pantes, leuwih surup: Anakna meureun eta mojang teh, ari nu wanda Srikandi, indungna. Pantesna rek disakolakeun. Ari nu ngarangkulan, surupna teh nu biasa ngenod ngadama-dama, bangsa ua reujeung bibi.

„Teu surup keneh bae!” ceuk hate teh. abong-abong nu jejerih, papisah sakitu bae bangun nu nalangsa pisan. Tuluy deuih kungsi kabandungan patanyana nu pantes anak jeung indung tea. Atawa nu dipapantes indungna tea waktu nyampeurkeun nu keur pada

23