Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngarangkulan. Teu saeutik-eutik acan surup sikep indung ka anak. Keding-hangit geuneuk-meuleukmeuk katenjona teh, sakurang-kurangna herang cibeas. Moal kitu anak-tere mah? Jeung eta lalaki nu lintuh-lintuh tea, saha atuh? Pieunna, sugan? atawa . . . ?

Jol deui sangkaan: Anyar dikawinkeun ka nu pendek-pendek tea meureun eta mojang teh. Heug pangreremo kolot, malah dipaksa, nurut soteh awahing ku budak bageur bae, teu ara mungpang wangkelang. Ayeuna dibawa pindahna ka nu anggang, dianteurkeun ku kolotna.

Ieu oge ana dilenyepan mah keukeuh teu nyerep pamantes teh. Da eta keukeuh teu siga indung jeung anak. Tuluy deuih nu disebut Anak Agung, saha? Nanaonna?

Rumasa taak. Luput teu metu nyusurup.

Reg otobeus eureun.

Sawareh nu tumpak nyelang tarurun heula, cangkeul, ngalempengkeun cangkeng. Aya nu ngadon dalahar malah, di warung. Kawas geus maranti, pangeureunan.

Kuring nu salila-lila malaweung, uleng ngalenyepan awak deungeun, asa kageuingkeun ku eureun otobeus teh. Milu nguliat ngalempengkeun urat, tapi diuk bae, bari rarat-reret nenjoan nu dieureunan.

Manahoreng Negara. Jadi kana geus sababaraha kali ngarandeg pantesna teh, tapi ku kuring kakara karasa harita.

Aya roy-roy kabita nenjo nu moho dahar. Tapi ari nenjo nu cacamuilan bari nyanghareupan panggang anak babi sagede-gede bitis bencing mah, ngagaloler dina rigen heug bari ditapuk ku laleur hejo, leungit deui rasa lapar teh.

Tumpakna di Negara, diukna tukangeun pisan kuring, jajaran katilu ti supir. Kadenge waktu ditanya ku kanektur, nyebutna arek ka Bandung.

Ari gog amprok, gek diuk, tuluy uplek bae jeung nu di gigireunana, nu geus nyampak ti tadina. Bangunna teh sobat medok, geus lila henteu papanggih.

Teu kadenge naon nu diobrolkeunana mah, da teu ngahaja-haja ngadengekeun. Moal bae deuih, cacakan teu nyabit-nyabit ka nu kungsi digayem ti tatadi mah.

24