Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kuring eureun ngadongeng teh. Mani asa ngemplong. Nu salilalila ngelekeb dina ingetan teh asa budal kabeh, ari geus didongengkeun ka manehna mah. Ari manehna bet siga nu sabalikna.

Manehna anu ti barang kuring datang capetang guntreng jeung kuring teh, ari dipangdongengkeun jadi hulang-huleng.

Kuring kaget. Diteuteup beungeutna kalah tungkul, bari tuluy ngalimba.

Reuwas. ,,Ku naon?”’ ceuk kuring nyekelan leungeunna la'aunan. Teu ngawalon.

Sajongjongan paheneng-heneng.

,,Terang abdi oge, engkang. Nitri ... ,’’ pokna bari terus bae tungkul.

,,Bet ngungun ku awak batur?’’ ceuk kuring. Bari harita keneh rumasa ngabibisani. Kuring sorangan salila-lila uleng ngalenyepan anak deungeun, ari ka manehna kuring nganaha-naha.

Hese beleke pisan rek balakana teh. Pantesna ngan kalah ku dihantem dilelekan bae, lila-lila teu burung manehna saeutik-saeutik ngedalkeun eusi angenna.

Cenah lewang, inggis samilik jeung Nitri, dipaksa direremokeun ku kolot.

,,Inggis ku nu lain-lain?!’’ ceuk kuring. ,,Asana teh, misah badan, misah nyawa!”

Teu kalis ku dilelemu, riak pasemonna teu pulih deui kawas tadi, barang kuring datang, tuluy guntreng nyawalakeun. Ramayana.

Hanjakal kuring ngadongengkeun dedengean! Da sidik ngadadak robahna teh kasuat ku eta. Cacakan kongang, hayang ngaletak deui sakur nu geus dikedalkeun teh, diteureuy ka jero beuteung!

Ceuk tadi rek dipake oleh-oleh pedah asa aneh, ari seug salah.

Pamohalan bisa ditarik kembali, da puguh saur geus mawur. Ongkoh dan sanajan teu ngadenge ti kuring oge, manehna geus nyaho ti heula. Ukur ngabejaan bulu tuur kuring mah pibasaeunana teh. Manehna leuwih ti kuring, nyaho nepi ka bubuk-leutikna. Pasal doktorna keur masih keneh sakola, di N.I.A.S. Cenah di nu jadi nu kolot ayeuna harita indekosna teh, nincak kana semi- arts jadi pamajikan.

26