Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jeung rea-rea deui katerangna. Duka, beja pabeja-beja sugan. Malum di kota leutik, sagala rupa kajadian gampang katarana, gancang kabejakeunana, tultel tatalepa. Komo ieu, da kajadian ngeunaan gegeden, gancang pisan jadina rasiah jelema rea teh. Dipake bibit pating kecewis di mana-mana. Ku nu nganjang dipake oleh-oleh kikiriman. Ku nu kaanjangan dipake lalawuh susuguh. Pantes nepi ka jadi obrolan dina otobeus oge.

Peuting geus rada peuting, kakara manehna bruk-brak sabalakana. Kitu oge kakara sanggeus dihantem ku kuring dikeukeuhan, dilelekan, naon nu saenyana pangna manehna kapati-pati kitu, batur nu raheutna, manehna nu peurih kanyenyerian.

Geus lila, geus aya dua-tilu kalina cenah kolotna nanyakeun pasal kuring jeung manehna. Kahayangna supaya buru-buru kawin, era cenah ku nu sejen. da geus mimiti jadi carita nu ngabandungan, diguyurkeun “rek meunangkeun urang Bandung!”

Sanajan kungsi dua-tilu kali kitu, ku manehna ngahaja teu ditepikeun ka kuring. Ingetanana bisi kuring salah nyurahanana, cenah. Nu matak satekah polah sok nyanyahoanan bae cenah manehna teh. Nyebutkeun geus aya lisan kuring ka manehna, tempo dua-tilu taun deui, ngadagoan reugeujeug heula rumah-tangga. Da terang cenah ti kuring, bener kuring ngalagena keneh oge katenjona, hirup mah teu samemena. Boga uruseun, katempuhan jadi dulur pangkolotna, adi-adi sarakola keneh, kapalang keur kakagokna.

Nu pangpandeurina mah make bari jeung nyeukseukan sagala, cenah. Bapana nu kitu teh, da indungna mah malah sok mangmeunangkeun. Kungsi cenah hareupeun manehna indungna nyental ka bapana: „Urang sabar bae atuh heula, ngadagoan kasanggupna, ulah matak boga rasa digugujeg!”

Tapi bapana nyereng-nyereng bae, malah rada sugal: „Lamun enya kitu pasanggupanana, da ieu mah henteu! Ka urang nu jadi kolotna, ongkoh taya basa-basa! Kumaha lamun ngan ukur ngagokan? Heuheureuyan? Ari ku jauh-jauh kitu, keun teh teuing, da teu jauh ieuh eukeur jaman ayeuna mah. Lain bangsa, teu halangan, da henteu kakara urang. Tapi lamun ngan ngagokan wungkul, jadi hahalang ka nu enya-enya mikarep?! ....”

27