Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Gancangna mah cenah nepi ka kungsi dipasinikeun di kalangan kulawadet nu landes mah, pasal kuring jeung manehna teh. Jeung uana ti bapana, jeung bibina ti indungna, dipenta timbanganana. Sarua cenah pada-pada ngajurung wayahna sabar meueusan, nepi ka aya basa nu tetela, ti kuring jeung ti manehna, ti kuring babakuna.

Tapi, ari ku bapana disesedek: »Heug saha nu katempuhan, mun dina emprona nyalahan?” mah, puguh bae, boh uana, boh bibina, taya nu wani nemen-nemen ngahulag kana karep bapana teh. Dalah indungna pisan, ukur ngaheruk.

Enya deuih cenah ari ku kitu tea mah. Lantaran geus aya nu datang menta manehna ka kolotna. Kari patotos kolot jeung kolot. Bapana nu menta tempo, ngadagoan leah jinisna, manehna. Ari manehna masih ngadago-dago katangtuan ti kuring!

Harita teh cenah nyumponan pangondang bakal besanna, kawasna, rek ngajadikeun. Anakna nu bungsu, lalaki umur lima taun, dibawa. Moal lila nyebutna mah, tapi geus katilu peuting harita can balik.

Cenah, bisa kuring ngadagoan nepi ka kolotna datang, heug terus-terang menta manehna. Ngan, kawas kana kapiheulaan, geus diheugkeun manten ka nu menta ti heula. Nu matak cenah, taya deui jalan lian ti manehna kudu dibawa ku kuring, balik ka Bandung, bari ninggalkeun surat saperluna keur kolotna!

Ayana kasempetan eta manahoreng saenyana mah, nu matak poean kuring datang disebut Sedana Yoga teh. Mustarina manehna dibawa kabur ku kuring!

Mun teu kitu samar, cenah.

Anehna teh, manehna mah nyaritakeunana cara nyaritakeun kajadian sapopoe bae. Kawas nu ngajak ulin pelesir, jalan-jalan.

Ari kuring, lain jelema ludeung dag-dagan. Harita ngadadak disanghareupkeun kana saat santek antara mawa kabur jeung lapur ..., euweuh jalan-tengah.

Bari henteu disangka ti samemehna, kuring baris manggih saat kitu teh. Henteu ti memeh indit. Henteu ti barang datang. Henteu ti barang kuring ngadongeng.

Kuring ngahuleng, poekeun. Anu narembongan ngan rupa-rupa

28