alesan, halangan. Rupa-rupa timbangan reujeung jeujeuhan, ijiran rumah-tangga malah, nu kungsi dikelemengkeun ka manehna, harita dijentrekeun deui. Nu disebut bekel hirup babarengan, nu disebut keungkang ku kalangkang, nu disebut wiwaha, temah-wadi jeung rea-rea deui ku kuring dipedar. Dipake nandeskeun alesan kuring teu kuat ngewat manehna, dibawa minggat.
Kuring, anu konyoh-konyoh ti beurangna tas nyecebleh Ramawijinya, tega ngaduruk Sinta, tega miceun ka leuwung, cacakan waspada mah kana kasucianana.
Kuring, nu ti beurangna moyok Rama owel ku kamulyaan nu jadi raja, merenahkeun kasalametan nagara, pangeusina, saluhureun Sinta nu geus nyata satiana.
Ari kuring sorangan, jejerih leutik burih!
„Teu jadi Rahwana tea... !” kuring humandeuar.
Manehna teu lemek teu nyarek. Nyuuhna pindah, tina biwir meja kana lahunan kuring, nu diuk gigireunana....
Nu diajam rek aya mingguna teh, ngan sapeuting. Isukna kuring mulang. Ngalongkewang, ninggalkeun manehna dina sumpeg samagaha pikir. Dadalan kuring nu reyang-reying, mandeg-mayong henteu ludeungan dag-dagan, ngajait manehna tina jungkrang kalewang wangwanganana.
Kuring nu alang-kumapalang, teu wani ngaleng manehna dibawa mulang.