Asa bener kitu kuduna, harita kuring nyieun putusan teh. Sakedapan malah reueus, muji maneh teger pangger, henteu leah nandean pangajak manehna. Reueus, hate teu leeh ku perbawa awewe! Da keukeuh henteu kawangwang, kumaha gedena wiwirang upama nepi ka nyorang jadi carita balarea mah. Nyorang diguyurkeun ku batur, kuring, lalaki, kabandang ku gelung!
Manahoreng ingetan keur baal keneh bae eta mah, peurah pangaruhna kajadian tacan sumarambah. Teu cara sanggeusna reureuh, karasa nyanyautanana, tur beuki lila beuki parna.
Rasa palsu wungkul sihoreng reueus kuring harita teh. Buktina lila-lila mah sur-ser rasa waleh rumasa ngabobodo maneh. Rasa ngupah-ngapeh ngupahan maneh manahoreng eta teh, tamba era jejerih leutik burih.
Ingetan kitu tuluyna nu ngarungsing Kuring beurang-peuting teh. Ingetan nu ngahudang lewang nyawang nu bakal kasorang, hirup taya nu diarep-arep. Lewang nyoreang katukang, balas rus-ras kagagas ku nu enggeus-enggeus. Bruh-breh narembongan dina panineungan teh. Muncakna dina ras inget ka manehna waktu mimiti kapanggih. Ngageugeuh galeuh katineung eta mah. Carek pageuh teh, eunteup teu beunang dieundeuk-eundeuk.
Di Insulinde-park ...........
Biasa loba nu ngadon niis. Boh ngarerepkeun kesang, ngareu-