Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 reuhkeun cape, boh niiskeun pikir. Keur meujeuhna kajojo, lantaran perenahna meh ditengah-tengah kota. Komo pasosore mah, jeung loba barudak ulin deuih. Barudak nu keur meujeuhna bangor. Arudag-udagan, alajret-ajretan, tarataekan. Munteu kitu barudak leutik nu masih keneh diasuh, ditungtun-tung-tun ku pangasuhna, diajar leuleumpangan. Sawareh malah disorong-sorong dina kakaretaan, budak nu can bisa leumpang mah, mapay-mapay jalan leutik nu butbat ti saban madbab jeung ti unggal juru park, museur di tengah-tengahna, ngarupakeun sirkel gede di nu lalinduk rea tatangkalan.
 Di dinya harita kuring diuk teh. Dina bangku handapeun tangkal angsana nu beulah Wetan, nyanghareup ka gedong D.V.O. keur ilahar disebut Gedong Sabau keneh.
 Resep nyerangkeun barudak ulin. Barudak nu manjing kembang buruan. Sedeng pikalucueun ngabandungan antengna mah. Atuh babu-babuna oge bangun sarugemaeun pisan nenjo asuhanana aranteng mah. Bisa jongjon ngalobrol jeung batur-baturna. samarana batur ngasuh, bari alandeprak diuk dina jukut. Nu boga kikindeuwan mah ngahaja misahkeun maneh ngasuhna teh, ngarah teu kagok dina gok jeung beubeureuhna nu sok manggihan dina keur mawa ulin budak. Ngahaja meunang pasini sigana teh sawareh mah, bisa salse samemena, guntreng paduduaan. Nu diasuh anteng, nu ngasuh anteng dina kituna mah!
 Maju ka burit nungtutan baralik. Paburencay pada-pada nungtun asuhanana, atawa ngiringkeun, kari kumaha manjingna bae. Rek jung pisan kuring indit ninggalkeun tempat paniisan, kareret rentang-rentang aya nu datang, jolna ti jalan juru Kidul Kulon. Leumpang tungkul bari teu gancang teu laun. Dua sinyoh ditungtun kenca-katuhu. Adi-lanceuk sigana teh. Ku sangkaan umur lima jeung tilu taun.
 Nu rea usum baralik, ieu kakara datang. Tapi nenjo noyodna kawas nu buriteun balik ieu mah.

 Kira-kira lima atawa genep meter deui ka lebah kuring ngajanteng, sinyoh nu gede. dongko, ngarongkong kembang jukut dina pinggir jalan leutik. Bari reg ngarandeg, pokna: Mooi bloeme-

31