tje, he!
Atuh nu nungtun teh kapaksa eureun, nitah metik kembang nu ku budak disebut alus tea, bari terus dialak-ilik, henteu buru-buru nangtung.
Bangun nu karasaeun dipencrong ku kuring. Eta da sari nu capa-cipi sabot ngarandeg teh. Ari kuring kalepasan ucap deuih. Teu karana niat ujug-ujug pok nanya:,,Ngasuh Nyi?"
Nu ditanya ti batan nembalan kalah ngabalieur miceun beungeut, bari nyentok leungeun budak nu keur nagog nyoo kembang, da nu sabeulah deui mah leungeunna teu kungsi dilesotkeun, dicekelan. Bari leumpang beuki gancang, ngageugeuwat ka budak nu ngalak-ngilik kembang:,,Kom, vlugger Jo!"
Meneran pisan hareupeun kuring ngomongna kitu teh, bari ngabalieus malik ka nu digeugeuwatna, nu ditungtun kencaeunana.
Manehna geus anggang, kuring mah ngajanteng nyerangkeun nu leumpang beuki lila beuki gancang. Jolna ka jalan gede ti juru Kaler-Wetan. Motong jalan terus ngetan, nepi ka lesna teu katingal.
Ari kuring, nu tadi geus rek jung indit teh, balik, kalah ka gek deui diuk, namperkeun ingetan nu nuturkeun ka nu balik. Ceuk hate: Nu pantar kitu jadi babu?
Da keukeuh asa teu pantes ceuk gerentes manginget teh. Nu kitu wanda-rupana, kitu sieupna, teu merenah ngasuh anak Walanda, ngababuan.
Kinderjuffrouw?
Babu-babu keneh, ukur alus kasebutna atawa kadengena.
Jeung naha bangun nu alum?
Teu sapantesna keur mojang pantar manehna mah, nu ku sangkaan umurna moal leuwih ti tujuh welas taun.
Ari kuring make kayungyun ku balieurna!
Naha nu kitu payusna bet kapanggih di dinya? Di tempat babu jeung soldadu. Malah ari peuting mah panonoban awewe bangor di dinya teh.
Ieu nu beak karep ngahudang panasaran teh. Nepi ka remen