Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngadon nyosorean ka dinya. Ngadon ngabuburit. Sugan jeung sugan papanggih deui jeung manehna. Da ku sangkaan teh imahna atawa tempat matuhna oge moal jauh ti dinya. Maksud teh imah dununganana. Tapi nepi ka aya mingguna, teu kawenehankeun deui.

Tuluyna rajeun nepi ka peuting malah kuring luntang-lantung juntang-janteng lebah dinya teh. Nepi ka usumna nu baru-bujang di Walanda baralik ka saimah-imahna, nu teu matuh di dununganana mah. Biasana pukul salapan atawa leuwih sok baralikna teh, babu, koki, jongos. Tapi nu diteangan ku kuring weleh teu pareng kapanggih.

Sanajan kitu kapanasaran hate teu weleh. Unggal tempat paniisan dilanglangan. Bari jeung teu era waleh ka sawareh mah. Boh ka jongos, boh ka babu, nu kuring mimiti rada wawuh lantaran remen papanggih, nanyakeun sugan wawuh ka manehna atawa nyaho di mana nganjrekna. Bari ditataan tanda-tandana, boh rupana, boh dedeganana katut ulat-pasemonna. Tapi sau urang oge nu ditanya teh taya nu bisa nuduhkeun. Bangun taya nu nyaho. Sedeng giliran anu ditanya malik nanyakeun ka kuring saha ngaranna, kuring ngabigeu!

Sok rajeun manggih nu mawa jalan-jalan budak isuk keneh, atuh kuring oge kungsi sababaraha rintakan wayah kitu neangan manehna teh. Keukeuh teu kapanggih. Ngahaja diteangan teu kapanggih. Pareng tepung di jalan di pasampangan oge henteu. Nepi ka aya bulanna. Asa rek gok, asa rek gok, tapi unggal nu disangka manehna, buktina lain.

Remen ngahajakeun dipikiran, dilenyepan. Ras inget waktu kapanggih di Insulinde-park teh geus burit, geus deukeut ka sareupna. Ceuk ijiran, tangtu padumukanana oge moal jauh ti dinya. Ongkoh da luang-lumrahna nu marawa ulin budak oge tara jauh. Nu matak lelewek Insulinde-park mah rarasaan imeut pisan dilanglanganana ku kuring teh.

Ceuk tadi ku kuring asa kakeupeul Bandung teh. Tapi buktina rumasa ngarasa taak neangan manehna mah.

Aya ingetan rek cara batur, nurutan nu geus ilahar, masang

33