sambung-layang dina koran. Malah geus kacatet dina ingetan pibasaeunana oge „Mojang nu tepang jeung kuring di Insulin-de-park ......, mugi kersa maparin alamat, ku serat ditujukeun ka administrasi ieu koran, ngangge tawis No .........”
Teu kungsi prak, kaburu inget bisi salah kahartina. Pangpangna ras kana pasemonna waktu kapanggih, kalah ka ngabudian ditanya oge. Diukur ka lebah dinya, ceuk ingetan, tararangeh kana daekeun nyuratan. Nu matak tuluyna mah tumamprak bae hate teh, sanajan bari teu weleh panasaran. Dina ingetan diriutkeun kana: mana kitu oge tacan diparengkeun, atawa: mana kitu oge gogoda wungkul.
Da enya atuh. Ana dihantem dilenyepan, hemeng nu aya kuring oge. Hemeng ku polah sorangan. Asa teu kakaraeun manggih mojang. Nepi ka nalek maneh kuring teh. Ngalelekan kereteg angen sorangan. Naha katarik ku naonana atuh ku manehna teh? Wanda-rupana pantesna teh ukur manjing ka nu disebut jajar-pasar, boa kurang keneh. Anu tetela bae rap-rapan make mah malah sahandapeun basajan. Soteh upama diukur ku umur nu ku taksiran lila keneh dina wewelasan. Ongkoh luang-lumrahna mah sok keur meujeuhna resep make. Cenah eta pedah sapopoena, teu euweuheun, da prahna mojang pantar manehna mah, perbawa hawa Bandung komo, tara teu katara dangdanna, kasebutna ngolear ka jalan mah. Pasemonna, jauh tina basa mere hate, mun teu rek disebut kuraweud-haseum teh. Duka upama perbawa mesum, ngandung kanduhan.
Ari kuring bet make kapati-pati, tah ku nu kapanggih saliwat teh. Balaka bae duka. Duka ku naonana kuring katarik ku manehna teh.
Jeung anehna teh deuih, nu enggeus-enggeus mah biasana, ari manggih nu aneh-aneh teh kuring sok cuih. Sok alewoh nyarita ka babaturan. Da kitu batur oge ka kuring. Sok silih bejaan ari manggih nu aneh-aneh teh. Tapi kuring manggih manehna, paribasa indung-suku oge teu dibejaan, disidem di jero angen bae.
Duka upama nu biasana disebut aneh ku kuring teh saenya-