na teh aneh, nu prah, ari nu enya aneh mah manehna!
Teu, teu betus ka sasaha pasal manehna mah kuring teh.
Ngahaja-haja neangan, balaka bae, henteu tuluyna mah. Tapi ingetan sugan jeung sugan bisa papanggih deui, iraha bae, di mana bae, tetep ngateng. Ngateng salila-lila, sanajan bari melempem. Nepi ka brayna caang dina hiji peuting anu henteu gampang dipopohokeunana. Moal bae, moal poho kuring mah kana peuting eta teh.
Sareupna teh jelema lir siraru jadi, mungpung di alun-alun. Keur aya sirkeus rame pisan, nepi ka bioskop mah ngadak-ngadak parongpong teu payu, da jelema-rea babanjiran kana kamedi-kuda, barang langka.
Di juru alun-alun beulah Kaler-Wetan pagelek-gelekna pisan mah jelema teh, pada-pada hayang ti heula meunang karcis. Nepi ka himah tempat ngajual karcis mah meh-meh enyeuh, pada nyekelan pada muntangan ku nu sieun kaceot deui ku ulekan jelema sakitu motahna.
Dina hareupeun lawang pameulian karcis teh racung pirang-pirang leungeun nu ngeupeul duit, bari saurang oge taya nu ajeg cicing di satempat, ruak-reok kabawa ku ombak jelema pasesedek. Atuh dina liang pameulianana anu teu sabaraha gedena, mani nyesel pirang-pirang leungeun teh, meh rata-ratana ukur tembong semet pigeulangna. Nu nyoba-nyoba ngatur jelema, pulisi jeung korawa sirkeus, kalah wowotan. Nu ngajual karcisna oge katenjona teh mani kesang badag-kesang lembut. Barieukeun neuleu leungeun nyocok dina liang tempat ngaladangan. Tungtungna nangkeup harigu.
Pantesna aya nu manggih akal. Gajah dua sagede-gede leuit digiringkeun ka lebah dinya. Ditarik rebingna atuh, saenyana mah! Disina mendet nu pasedek-sedek, ngawer sakurang-kurangna. Teu ka ampeuh keneh. Kalah ka gajahna pada nyurungkeun, ku nu kasurungkeun ku batur.
Pantesna mah rudeteụn, getekeun, teuing resepeun, gajah obah bari disada, tarik matak katorekan, tulalena ulang-ulangan.