Abong paribasa maung ngamuk gajah meta! Naha da mani rubuh-rebah sawareh mah. Rea nu kaleyek kaidek. Lain ku gajah, ku nu pada-pada sieun jeung reuwas bae.
Tah, dina keur meujeuhna jelema oyag kabeh, geumpeur rareuwaseun, karasa ku kuring aya nu muntangan taktak. Ari direer, ...... manehna!
„Abdi, engkang!” ..... pokna sari haroshos nu ngaharewos bedas lantaran bari humarehoh, bangun nu cape campuh jeung reuwas. Ari reuwas kuring sanggeus tetela manehna. Manehna nu salila-lila diteangan, ditalengteng kokotetengan. Manehna nu aya bulanna ku kuring dipapay ditatanyakeun, weleh taya nu mere raratan. Ari harita, cara nu gubrag ti langit, muntangan taktak. Ngagabrug malah ka kuring teh. Kuring nu sakedapan ngahuleng baraheuheudeun, teu beda jeung sarah ngambang di tengah lautan jelema.
Ku geumpeurna jelema gara-gara gajah obah, awewe mah loba nu tingkoceak-tingjarerit, rea budak katincak, malah kolot oge henteu saeutik anu kaleyek-kaidek, kuring teu galideur saeutik-eutik acan. Malah berebey resep bari jeung seuri ngeunah jero hate mah. Ingetan teh puas, bongan paropohoan pisan kana lalajoaneun teh. Dibelaan setelan ngolontong rarikes, dasi nyengsol, buuk kusut bari luut-leet kesang nepi ka luntur wedak awewe mah dipake pasesedek teh.
Tapi ku manehna nu ngarontok bari tuluy muntangan taktak, enya kuring tagiwur teh sakedapan mah.
Kuring teu ngomong. Manehna dikaleng cangkengna, dibawa seselendep di nu pasedek-sedek. Nepi ka nu rada carang jelemana, karasa ku kuring manehna ngalesotkeun leungeun kuring anu dipake ngaleng cangkengna, tapi bari tuluy nyekelan kana peupeuteuyan kuring, cara peta nu sieun tinggaleun atawa leungiteun. Di nu corengcang mah malah dilesotkeun leungeun kuring teh. Sisi jalan reg ngarandeg, ngeureunkeun delman nu kabeneran ngaliwat ka lebah dinya.
Ingetan kuring masih mawur, pangacian can gembleng pisan.