Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nepi ka saat manehna kek kana panto delman rek dibukakeun, kuring masih ngajanteng. Katenjo bangun heseeun, pageuh. Tapi waktu kusir malik ka tukang, ngarongkong panto rek mangmukakeun, gancang ku kuring dipiheulaan.

Jero sasekon paling lila oge robahna karep kuring teh. Rarasaan ngan rek semet mangmukakeun jeung mangnutupkeun panto wungkul, tuluy nenjokeun manehna tumpak delman maju ngetan, mimitina mah. Tapi tulusna gek kuring diuk, dina jok katuhueunana.

Lebah Concordia mengkol ka Bragaweg, terus ngaler ka Oude Hospitaalweg, nyimpang ka Oude Merdikaweg, Acehstraat jeung Menadostraat.

Teu kadenge nyebutkeun arek ka mana-manana, tapi cukup ku nuduh-nuduhkeun kudu ka mana losna, mengkolna atawa nyimpangna, ka kusir teh.

Di Celebesstraat teu jauh ti tempat uncal, nitah eureun.

Kuring turun ti heula, ngodok pesak rek mayar tambangan. Naha atuh, rarasaan teh kakara oge sup leungeun katuhu ka jero pesak calana, bari turun rikat pisan manehna kek kana leungeun kuring nu kenca, dampalna diteundeunan duit, bari tetus ku manehna dikeupeulkeun deui. Bari ngaleos, sup asup ka pakarangan, pokna: „Nuhun, mangga mulih deui!”

Teu beda jeung boneka hirup jero sesekonan mah kuring teh. Dikuah-kieuhkeun ku manehna nurut bae, bari ngahuleng-ngajanteng. Nembalan henteu, dinuhunkeun-dimanggakeun teh. Leungeun katuhu di jero pesak keneh, nyekelan loket. Nu kenca masih keneh ngeupeul, urut dikeupeulkeun ku manehna teh. Karasa, aya duitan. Tetela malaweung harita kuring teh, neuteup leungeun kenca nu dipake ngeupeul duit tea. Ari ditamprakkeun, sarupia!

Angkanan rek nyusul nu ngeupeulanana. Tapi ngan sakolepat pisan manehna geus asup ka lawang tukang bari nutupkeun pantona. Sajongjongan kuring ngajanteng di sisi jalan, ngarep-ngarep sugan nu asup ka luar deui, bari ngucel duit nu dina leungeun kenca tea, perak hiji. Kawasna mun teu diingetan ku tu-

37