Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kang delman mah, nyebutkeun: ,,Mangga, bade teras ka mana?’’...., kana tuluy ngahuleng di dinya kuring teh.

Poho kumaha keur mimiti delman indit mah. Inget-inget geus hareupeun gedong Legercommandant. Teu ditadah-tuduh deui, hideng sorangan bae kusir teh, balik mapay jalan urut tadi. Ka- kara barang nepi ka lebah juru alun-alun, beh Kulon saeutik lempengan De Kock Sparkes, manehna nanyakeun: ,,Ka dieu bae gan?”

,,Terus!”ceuk kuring.

Datang ka imah ngarasa nahnay. Lesu, lungse, nepi ka teu hayang dahar-dahar acan. Sare teu reup, da ingetan anteng ngagayem pangalaman nu anyar kasorang, dibalikan deui ti mimtti ngarasa aya nu ngarontok tuluy muntangan. Malah ngawahan ka waktu mimiti manggih manehna, di Insulinde-park. Manehna anu ditanya oge ti batan nembalan kalah ka ngabalieur miceun beungeut, make wani ngarontok muntangan taktak. Manehna anu mimiti kapanggih pasemon kuraweud-haseum, make ngabasakeun ”engkang’’! Make jeung daek deuih dibarengan tumpak delman.

Bangun ngungunna mah teu robah, teu papanggih aya bulan na teh. Tapi bangun teu asa-asana ka kuring, kawas nu percaya cacakan kakara papanggih saliwat, ku kuring karasa. Karasa waktu dikaleng cangkengna. Ngan sirikna teu disangkeh, dibawa merejel di nu pasedek-sedek. Bener tuluyna kawas nu ngarasa ragab, ku kuring kamalum. Cara waktu ngaleosna ka lawang tukang bari jeung ngajurung balik ka kuring, ku kuring ka harti. Da ujug-ujug tetela bae sabrehan oge, manehna ngan ukur umpang di dununganana, piraku teu tumarumpang.

Ana dijumlah-jamleh, kabeh-kabeh ngahudang tambah kapanasaran.

Ceuk tadi asa rek ngarasa punah upama gok kapanggih teh. Ari seug, kapanggih ku kapanggihna bari nyaho pamatuhanana, malah jeung karasaneundeun kapercayaanana ka kuring, hatekalah beuki karenyeng.

Keukeuh teu beunang diampeuh, inget kuring ka manehna

38