Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh. Teu paler ku dibangbalerkeun. Teu kabeberah ku kariweuh hirup paciweuh. Ngan kuat saminggu mareketkeun maneh teh. Nepi ka manggih deui malem Minggu. Reureuh gaang jut turun ti imah, niat nepungan manehna.

Ceuk hate, tangtu manehna kageteun, kadang-kala nganahanaha, ngan moal disaha-saha ayeuna mah.

Lebah gedong Legercommandant hate angger gilig rek geblus asup ka imah batur, imah nu teu nyaho saha-sahana, ukur tetela imah Walanda. Rek balaka, permisi hayang manggihan babuna, manehna.

Nepi ka lebah arca Pastoor. Dina ingetan can aya katangtuan rek naon saenyana kuring nepungan manehna teh. Tapi ari karep manggihan mah teu rengrot-rengrot. Hayang patepung bae nu puguh mah.

Naha atuh, ari breh katenjo imahna, purengked bae hate teh. Sajongjongan ngajanteng palebah lawang, ukur wani malik ka urut manehna asup. Terus deui bae leumpang nepi ka aya dua puluh meterna. Reg deui ngarandeg, nganaha-naha awak sorangan. Naha teu terus asup?

Timbul deui wawanen kuring, leumpang malikan urut tadi. Tapi nepi ka lebah lawang pakarangan teh ayeuna mah teu eureun-eureun acan, kalah ka terus nepi ka jalan ngolecer. Di dieu reg deui ngarandeg. Sajongjongan samar polah, tuluyna jung deui indit. Tapi unggal nepi ka lawang pakarangan anu diseja, ngajeten. Duka sabaraha balikan kuring mundar-mandir kitu teh. Tungtungna gek kuring diuk dina bangku, deukeut pager kawat karapyak uncal. Ngarahuh, da karasa cape. Sajongjongan ngadaweung ngareureuh, bari ngagulanggaper pakarepan.

Jol deui ingetan: Lamun teu ayeuna, kana moal!

Tuluy ngungkung bae geus kitu mah, leumpang bari teu rarat-reret deui. Rea nu teu ingetna, ujug-ujug geus ngetrokan panto nu bras ka elos bae kuring teh. Kakara sakali oge bari jeung asa-asa, balaka bae lalaunan. Tapi barang rek dipindo kaburu kadenge di jero kolotrakna sora konci nu rek mukakeun.

Bangun nu asa-asa. Henteu ujug-ujug ngeblak. Ukur engab

39