Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh saenyana. Beungeut nu mukakeun oge teu kadeuleu kabeh. Tapi da geus teges, manehna!

„Engkang,” ...... ceuk kuring lalaunan. Teu ngadagoan disaha-saha. Ongkoh da ceuk rarasaan, tenget kuring ka manehna teh tangtu bareng jeung tenget manehna ka kuring. Kana beungeut kuring nu kacaangan ku lampu ti jero, di elos luhureun lawang.

Ngan kahalangan ku balik-panto kuring ka manehna teh. Manehna nu semu kaget nenjo kuring. Sakedapan aya riak-riak nu kasima. Atuh kuring ngajanteng bae deuih, nepi ka pokna manehna nyebutkeun: „Mangga lebet!”

Ngamanggakeun bari narik panto lalaunan, disina ngalegaan mukana keur asup kuring. Ku sangkaan teu kungsi opat puluh lima graad dibukakeunana. Bari jeung teu kungsi, dilesotkeun kenopna, terus ditutupkeun deui lalaunan, dikonci cara tadi.

Dina elos manehna leumpang ti heula, kuring nuturkeun. Lalaunan blak manehna mukakeun panto kamarna. Kuring teu ujug-ujug asup, ngajanteng bae hareupeun lawang. Jandela kamarna mah kasampak geus muka ti tadina.

Di jero kamar aya katil beusi saurangeun, meunang netebahan beres jeung beresih pisan katenjona teh. Kulambuna atela, bodas beresih, nya kitu deui seprena, anyar meunang ngalicin sigana teh. Pantesna can dikedengan, nenjo taya kusut-kusut mah. Bantal dua disina patumpang, guguling hiji, ngagoler ngujur tempat-tidur ieu mah, henteu marangpang cara bantalna. Dina palang-palang tempat-tidur nyampay kaen-panas meunang nilep opat ka panjangna. Kakait kulambuna tanduk munding bule sigana teh.

Lampu Osram anu dua puluh lima lilin. Liwat ti cukup caangna dipake di kamar pantar kitu mah.

Di juru aya lomari leutik, lomari pakean. Ari sisi jandela peuntaseun tempat-tidur meja pasagi leutik katut korsina hiji.

Dina meja aya buku kandel muka. Gigireunana ngagoler saputangan leutik meunang ngarenda sisina.

Dina bilik ngagantung potret manehna ukuran kabinet, ka-

40