Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

was meunang ngahaja ngagedekeun. Luhureunana lawon setrimin, meunang nyisian ku renda beureum, minggiran aksara sulam nu unina: „God zegene U”

Buku nu muka ngagoler dina meja tea ku manehna ditutupken, sanggeus palebah urut mukana diasupan saputangan leutik nu tadi ngagoler gigireun buku.

„Mangga calik!” pokna bari ngeblakkeun panto kamar.

Teu kaleked, bus kuring asup. Ngan barang rek gek diuk, lantaran nyaho korsi ngan aya hiji, kuring malik ka manehna.

„Keun abdi mah di dieu,” pokna bari nyabak sisi kasur.

Atuh korsi teh rada ditarik ku kuring. Henteu disina nyanghareupan meja cara tadina, tapi dikeserkeun disina ngagigirkeun meja cepet nyanghareup ka lawang bari bisa nyanghareupan manehna nu diuk dina tempat tidur katuhueun kuring.

Kuring ngodok saku, angkanan rek ngaluarkeun duit nu sarupia tea, rek dipulangkeun ka nu merena. Tapi teu kaburu pok sumawonna sok, da kapiheulaan ku manehna nyebutkeun: „Saena bae kaleresan nuju suwung.”

„Naha arangkat ka mana?” ceuk kuring.

„Ka bioskop,” walonna teh.

Atuh pasal duit anu ku kuring tadina rek dipake bubuka teh, teu tulus. Da rek pok pisan, kaburu jung manehna nangtung, bari ngan sirik teu bari indit nyebutkeun: „Dikantun heula sakedap!” Leos bae kaluar ti kamar, leumpang bangun rurusuhan, bus ka jero imah.

Teu lesot tina panon kuring. Malah geus di jero oge, meneran lebah jandela kahalangan kaca timah kembang-kembang, teu burung katenjo ramang-ramangna kasorotan lampu ti jero. Gerendeng kadenge nyarita, sorana mah jeung sinyoh asuhanana. nu dibawa ngomongna mah teu katenjo. Nya kitu deui naon nu diomongkeunana teu kadenge. Ngan katembong manehna bae sapotong keur nangtung lebah jandela tea, bari awas ngacung-ngacungkeun curukna.

Sabot ditinggalkeun, kuring teges bener kana potret manehna nu ngagantung teh. Paromanna henteu semu alum cara buk-

41