ti jelemana. Ari buku ngagoler dina meja, judulna teh. „Twee harten vinden elkaar”, roman karangan Courths Mahler. Saputangan leutik nu disimpen di jerona, maksudna mah dipake nyirian hanca meureun, juruna nolol, katenjo diaksaraan ”S”.
Kurutak deui manehna datang, gek diuk dina urutna, sidengdang.
„Bade ngawangsulkeun artos,” ceuk kuring bari song ngasongkeun perak nu geus dikucel ti tatadi dina pesak.
Manehna teu daek nampanan. Malah teu nembalan-nembalan acan. Kalah ka melong ka kuring kawas nu bengong. Atuh sok bae ku kuring digolerkeun dina meja duit teh.
Nya pasal ieu pisan pasal duit nu sarupia, sareatna mah nu ngalantarankeun tambah kaconggah kuring jeung manehna teh. Sajongjongan nepi ka nya kuring, nya manehna, poho keur aya di mana. Katungkulkeun ku parebut embung ngampihan duit nu sarupia tea. Poho bae harita kuring keur rerencepan nganjang ka imah batur teh. Imah bangsa deungeun, dunungan manehna, nu moal boa upama kaperego mah, terkadang matak diusir untungna, cilakana didakwakeun, asup ka imah batur teu karana idin nu bogana.
Atuh manehna kawas teu beda ti kuring palebah dinyana mah deuih. Teu boga temah-wadi, peuting-peuting ngidinan kuring asup ka kamarna, dina mangsa dununganana keur euweuh di dimah. Moal boa kanyahoan mah matak dilepas sakurang-kurangna. Manehna nu daek ngalayanan kuring, ocon paduduan di jero kamarna. Nepi ka wani maksa ngasupkeun duit kana pesak baju kuring, sanajan ku kuring dihalangan. Tuluyna atuh, sakitu kali ku kuring duit digolerkeun deui dina meja, sakitu kali ku manehna diasupkeun deui kana pesak baju kuring. Tungtungna bari jeung sari ngarenghik, menta supaya kuring daek ngampihan, itung-itung katitipan. Magarkeun teh koreh-korehaneun jaga, duaan, minangka pangeling-ngeling.
Atuh kuring oge leah bae geus kitu mah. Ongkoh da tadi oge keukeuh embung soteh ukur niat ngoconan manehna. Nepi ka kiwari oge masih aya, dijieun tutungkusan, tah duit perak gam-