bar Raja Willem III taun 1874 teh. Dipake panyileukan-panineungan, kana asalna eta duit aya di kuring.
Pameredihna anu kadua supaya kuring teu deui-deui datang nepungan manehna ka dinya, ku kuring henteu diheugkeun. Balaka teu sanggup papisah lila-lila) komo dina kaayaan geus teu asa-asa.
Manehna semu anu Sapamanggih jeung kuring. Dina riakna katara cara anu bisa ngarasakeun eusina alesan kuring. Tapi nu dikedalkeunana ancaman, magar upama kuring teu nurut, kana manehna sorangan anu rek ngejat ti dinya, ngiles teu bebeja ka mana los. Magarkeun teh, keun ngarah kuring kekeleyengan deui neangan!
Bari mesem nyaritana kitu teh. Nepi ka ancaman tea oge ngeunah kadengena ku kuring teh. Karasana ukur ngahaja ngoconan. Nu matak dilelewaan bae ku kuring oge. Disebutkeun: „Los teh teuing, engke oge ngarontok deui muntangan taktak, ngarah dikaleng ku engkang ......,”
Ngadelek bari ngadjembel meueusan kana peupeuteuyan kuring, minangka nembalna teh.
Kolonang-kolonang sora lonceng gareja Sapuluh kali, nu ngageuing kuring duaan kajongjonan teh.
Geus meh pukul sawelas datang ka imah teh. Enya bungangang hate teh harita mah. Bari nangkarak bengkang dina tempattidur, dibalikan deui lalakon peuting eta teh. Asa alus kabeh, bener kabeh. Atawa kabeneran. Lantaran asa sagala mantuan kaayaan teh, Alus indit-inditan,
Aya rey-rey rasa risi kareureuhnakeun, upama waktu kuring duaan kajarongjonan jol anu boga imah datang, teu dipake inget nemen-nemen. Saperkara, ingetan teh da geus karuhan salamet ieuh, teu sakara-kara. Tuluy atuh mana wani nampa kuring peuting-peuting Ose, meureun ku manehna geus kauntup pibalukareunana. Boh lantaran liwat ti apal kana kabiasaan dununganana ari suwung malem Minggu, sok pukul Sabaraha datangna, boh apal kana pamakena. Upama bae, dina kaperegona oge moal aya matakna nu parna, boh ka kuring sumawonna ka manehna.