Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Atawa di manehna geus nyampak piekoleunana, sugan?! Da eta buktina bangun nu ayem jeung tengtrem pisan manehna salila-lila mayunan kuring teh. Teu, teu aya riak-riak nu risi atawa rempan sumawonna mun hariwang. Cara nu kaanjangan di imahna sorangan bae babangunan teh, laluasa samemena. Nekad kumaha behna, sabrehan oge teu aya wanda di manehna mah. Kuring bisa mastikeun, umur manehna jauh sahandapeun kuring. Tapi ku kuring karasa koloteunana. Duka palebah mana-manana, ngan kitu bae karasana.

Jol sangkaan, boa mana kitu oge manehna teh dipikanyaah pisan ku dununganana. Ras kana kaayaan jero kamarna upama, kalah kumaha oge teu siga kamar babu biasa. Pasang-petana, basajanna, bareres-bareresihna. Ras deui kana lawon setrimin nu digantungkeun luhureun potretna, kana kecap-kecapanana ku aksara sulam benang beureum dina latar bodas. Kana buku bacaanana atawa nu keur dibacana, ”Pakait Pikir” meureun pibasaeunana ceuk urang mah.

Ieu malah nu keukeuh ngahudang kapanasaran teh. Hayang terang saha manehna nu saenyana. Kumaha sarsilahna nu matak aya di dinya. Naha ”in de kost”? atawa ”kinderjuffrouw” tea, nu ceuk hate babu keneh-babu keneh?

Teu nemen-nemen dilenyepan. Ingetan teh awal-ahir oge tanwande kaboker, upama tea mah enya teu sawajarna. Ongkoh da ingetan teh asal manehna tetep manehna keur kuring mah. Rek purah ngasuh rek purah nyeuseuh, rek babu atawa koki, kumaha karep. Asal ulah lain manehna!

Kadua-tilu kalina jeung saterusna mah beuki wani bae kuring nepungan manehna teh. Atuh manehna sorangan, nu asal ngahulag nyaram deui-deui teh, teu magar kumaha tuluyna mah. Malah kawas nu pohoeun-pohoeun acan, manehna kungsi ngomat-ngomatan kitu teh.

Nepi ka nyorang manggih hiji peuting, puncakna pangalaman kuring nepungan manehna, di dinya.

Dununganana keur euweuh di imah. Cenah ka Batawi, rek mapagkeun dulurna ti nagara Walanda, dina kapal ”Sibayak”

44