Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nu baris balabuhna di Tanjungpariuk pukul salapan isuk.

Memeh pukul salapan oge barudak mah geus peren. Bi Kasni, nya purah masak nya purah nyeuseuh jeung ngalicin, nyaho dununganana euweuh mah beurang keneh oge geus balik ka imahna di Pangarang-lebak. Salakina teh jongos kolot di hotel Homann. Ngalaman ngadunungan ka nyonya Homann cenah manehna mah. Atuh pamajikanana oge kungsi lila jadi purah nyeuseuh di hotel.

Ari nu disebut mang Sahri, nya jongos nya tukang kebon. Tina kurad-kored bubud-babad di pakarangan, ngurus pot-potan, nepi ka ngasah peso, ngosokan sendok jeung garpuh katut pirang-pirang barang nekel jeung kuningan lianna, purah itu cokot ieu bawa, ka toko jeung ka kantor pos jeung rea-rea deui. Matuh di dinya manehna mah. Tempat sarena di sepen tukang, deukeut dapur ukur kaheuleutan ku kamar gudang. Nu tadina siga geus ngampih teh, pantesna nyahoeun kuring datang mah kaluar. Nyebutna mah permisi rek ka alun-alun. Tapi waktu ditanya: ,,Rek ka bioskop?” jawabna: ,,Cari hawa bae neng, malem Minggu.’.

Kataksirna ku kuring ti jero kamar, pantesna teh dibere keur jajan, da nyebut: ,,Nuhun!” kadengena teh. Kadenge deui: ,,Ulah peuting teuing mang, keueung!” Jawabna: ,,Moal neng.”

Nurutan manehna kuring mah, nyebut Bi Kasni jeung Mang Sahri teh. Da ku sangkaan, umurna mah bener saluhureun kuring oge moal sabaraha ganjorna. Merenah keneh mun nyebut ceuk Kasni jeung Kang Sahri teh.

Kari kuring duaan di imah teh, nu nyaring mah. Cara sasari bae, guntreng di kamar, tapi tuluyna pindah dariuk dina bangku di elos.

Teu puguh leunjeuranana nu diobrolkeun mah. Nu katenjo jeung nu kadenge harita bae, nu diomongkeun teh. Ngadenge plok-plak-plok-plak kuda delman di jalan, nyaritakeun kuda. Kuda delman, kuda’ adu, kuda tunggang, kuda roda, jeung kuda umbal. Nataan rupana, nu hideung jeung dawuk, bodas jeung napas, nu beureum, daragem jeung sajaba ti eta. Tuluy

45