nyaritakeun caturanggana, kukulinciranana, wawatekananana atawa pangadatanana, ‘nepi ka cara tukang kuda bae kuring jeung manehna teh. Cara nu rek meuli kuda jeung anu rek ngajualna. Hayuh bae papanjangan lalakon kuda, silih pintonkeun kanyaho atawa pamanggih. Nepi ka bras kana kamedi kuda, ka si Silver King, kuda bodas anu Tom Tyler dina pilem. Ka nu disebut kuda samparani, nu keur budak kacarita bisa hiber, jang-jangan.
Ka si Dudul kuda Bagenda Ali jeung si Sekardiu tutunggangan Amir Hamzah dina wawacan. Ditungtungan ku silih pedar hati: siti, peksi, turangga, curiga, wanita .........
Ngadenge sora mobil ngaliwat, kawas budak paalus-alus merekna. Paalus-alus Essex jeung Chrysler, Buick jeung Hudson, Opel jeung Fiat jeung rea-rea deui. Teu disabit-sabit Chevrolet jeung buatan Henry Ford mah, pedah teu kaasup ka nu pikabitaeun.
Hawar-hawar ngadenge anjing babaung, nyaritakeun anjing. Foxterrier, bulldog, anjing herder, anjing belang, anjing hideung, anjing porong jeung roreng. Nepi ka si Tumang dina dongeng Sangkuriang, si Kismir nu kacarita dina sajarah para Ambia, jaman Nabi Daud lalakon Pandita Balhum. Geus puguh pilem lalakon Rintintin mah, anjing hideng, ngarti kawas jelema.
Bulan ngora keneh, kakara sabeulah oge geus maju ka surup. Hawa mimiti karasa nyecep, tariis daun ceuli. Jep jempling siga nu mimiti tibra peuting teh. Nepi ka kadenge sora keleper lalay hiber oge. Tuluy nyaritakeun lalay. Manehna ngagugat sisindiran: ’Kalong leutik saba gedang” ...... ari kuring mesek harti ngaran ’’Suramanggala’. Ceuk kuring bari seuri ngoconan manehna: sura hartina wani, ari manggala hartina cau, jadi ............aes lalay!
Manehna mesem bari nyiwit lalaunan. Bari terus keneh guntreng, nyaritakeun lalay. Lalay nu sok rajeun kapanggih dina pucuk cau nu masih keneh nguluntung. Ras ka jaman keur budak, sok ngahaja diteangan, digebah disina kaluar. Bulan Puasa eta teh. Bongan paribasa kakara manjing buka upama geus liar
46