Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lalay! Nyaritakeun tai lalay nu magar alus keur gemuk. Nyaritakeun beja delan nu magar anyar kajadian, di Cibeo. Cenah aya nu ngala lalay ka jero guha diteureuy oray sanca sagede tangkal kalapa. Palebah nyaritakeun lalay dina pilem Dracula, manehna ngabirigidig bari tuluy nyekelan ka kuring.

„Sieun?” ceuk kuring.

„Henteu”. Eta bae kacipta bangun keueungna nu bade dimangsa ku eta, dina pilemna,” pokna teh. Tapi bari ditungtungan ku: „Kalebet ah, tos tiis teuing!”

Di jero kamar, boh kuring, boh manehna, kawas nu samar polah. Tuluy guntreng cara keur di luar, henteu. Manehna gek diuk, ucang-ucang dina biwir tempat tidur. Ngarongkong kaen panas nu nyampay dina parantina. Nu meunang nilep opat ka rubakna teh, ditilepkeun deui, tuluy dilahun, bari bangun nu salambar-salambar dipautan bulu simbut teh, cara peta nu nyaliksik budak mautan lisa tina buukna.

Ari kuring, aya oge korsi, teu diuk. Kalah ka lajag-lejeg teu puguh. Potret manehna anu ngagantung anu geus aya puluhna terkadang ratusan kali direret ku kuring, kawas nu kakara nenjo. Harita mah malah diteuteup. Bari asa napak asa henteu suku mah, sajeroning nangtung nyanghareupan potret ngagantung teh. Ingetan asa kumalayang teu karuhan, henteu museur ka anu eukeur diteuteup, beungeut manehna dina potret.

Barang malik ka jinisna nu keur diuk bari tungkul, bet meneran manehna cengkat, malik ngareret ka kuring. Ngan sajorelat panon kuring awor jeung panon manehna. Bari Karasana beda ti nu enggeus-enggeus harita mah, duka.

Gek kuring diuk gigireunana, bari galideur teu puguh rasa, ku campuhna ingetan jero ukur sesekonan. Ingetan nu kahudang ku geter angen kasengsrem. Kawas manginget nu ngageugeuwat, bisi saat kaliwat. Bari jeung sur-ser rasa risi milu tingsariak dina punduk. Biwir asa ngeleper. Letah areut-at asa ngadak-ngadak beurat. Asa lalinu sabulu-bulu, palaur pating-alenyur ngaTarasakeun sir jeung uruy, bari henteu kendat samar-samar Karasa geter angen nitah pangger.

47