Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Manehna ku kuring dirangkul. Lalaunan dibawa kana bantal. Lat kuring teu inget di bumi-langit ......

Meh bae kuring kausap setan.

Sareatna kageuingkeun ku sora nu ngetrokan panto ka elos,lalaunan, bangun nu asa-asa pisan, nepi ka asa jauh kadengena teh. Kuring ngojengkang, niat rek mukakeun lawang, da ujug-ujug inget bae ka jongos. Tapi manehna muntangan, nyaram ku pepeta, bari jung manehna sorangan nu indit, kaluar ti kamar. Kadengena teh: ,,Na peuting-peuting teuing, mang?” Walon anu kakara jol: ,, Teras ka Lengkong Neng, lalajo wayang.”

Meh satengah tilu harita teh. Ngadedempes bae di kamar kuring mah. Moal disangka aya keneh, acan balik, ku nu kakara datang teh. Upama tea mah enya tas ti alun-alun, terus lalajo wayang. Duka upama akon-akon wungkul dadaku ka alun-alun, terus ka nu nanggap wayang, sedeng saenyana ukur kaluar ti imah, terus ngintip kuring. Bisa bari ngajejentul di tepas oge, da ngoblog. Dina kituna tangtu nyahoeun, kuring masih aya keneh di jero kamar teh.

Teu naon-naon, da tangtuna oge geus leuwih ti ngambeu kana harti kuring mindeng datangkadinya teh. Boa kaasup kanu dibawa rasiah, ku manehna oge. Buktina sok dititah mikeun surat ka kuring. Malah kuring terang harita dununganana euweuh di imah oge, ngajurung Mang Sahri ngabejaanana ka kuring teh. Sakumaha biasa dibahanan kertas sacewir, ditulisan kecap sake cap ’’suwung’’.......

Kuring balik teh geus ngagayuh ka subuh. Teu kabeurangan, da teu sare sakerejep. Di lawang pakarangan paamprok jeung tukang susu. Henteu patanya, napsi-napsi bae. Kareta mesinna ditunda dilawang, disarandekeun kana tembok pilar. Bari nyokot botol nu saliter, kadenge hahah-huhuh bangun nu ruma huh diteluh ku hawa subuh. Katambah jeung tas humarehoh ngaboseh kareta mesin beurat keneh momotna, pirang-pirang botol pinuh dieusi susu.

Nepi ka aya mingguna ingetan kuring teu daek namper, balas dipake ngalenyepan peuting eta. Peuting nu ngandung mus-


48