tika pangalaman kuring jeung manehna. Peuting nu teu ngalaman kasorang samemehna, oge henteu sabadana. Duka geus sabaraha rebu peuting nu kuring terang, anu kasorang ku kuring, tapi peuting nu kitu mawatna, kitu perbawana, ngan eta-etana. Teu, teu kapanggih deui.
Saterusna, peuting nu datang unggal sareupna, ukur nu sabalikna. Peuting nu mawa tungkeb sumpeg samagaha pikir, teu kalis ku meneran caang bulan kawas ti beurang. Lantaran peu- ting ngaligincing. Peuting henteu karana manehna, da geus eu- weuh dikieuna. Lain euweuh dikieunna tilar dunya,tapi euweuh di Bandung ieu mah. Ceuk rasa hate harita, cacakan euweuh sah tidunya mah, puguh deui, Asa kauntup moal kitu-kitu teuing karasana.
Babasan ,,Bale Bandung asa suwung, Pancaniti asa sepi” teh teu mahi dipake ngagambarkeun rasa sepi kuring harita mah. Da asa suwung lelembutan, asa leungit pangacian, nu aya kari kuring kurungna.
Lila ku kuring hirup samar koloyong, kumalayang ingetan cara anu keleleban, cara nu hirup kapahung kapidangdung.
Lila, rarasaan aya winduna, padahal ukur saminggu kaduana nampa surat ti manehna teh, mopoyankeun kaayaan dirina, nu magar ti barang datang ti Bandung terus dikungkung.
Henteu pok menta dilongok, tapi ana dihantem diseser,, dina sela-sela kekecapanana karasa tingsarelap miharep diteangku kuring. Nu matak ujug-ujug gilig bae niat nepungan maneh na teh. Jauh, tapi da puguh jugjugeunana ieuh. Moal hese neangan cara keur mimiti di Bandung. Sanajan tunggal sakota, paanggang paling jauh ukur dua-tilu kilometer malah kurang sipat manuk mah, kalah taak. Kana moal kapanggih bae sigana cacakan teu ditulungan ku kabeneran mah.
Hadena boga peperenian perlop-taunan tacan dicoceng. Ku kuring dicokot kabeh nu dua minggu teh.
Henteu disaha-saha datang teh. Nepi ka rada kaget mimitina mah, da ceuk ijiran teh bakal datang ka nu anyar pinanggih kabeh, iwal manehna mah. Manahoreng geus ditabeuh ti tadi-