Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na keneh kuring ku manehna teh, cara nu dipake oleh-oleh, dipake ngirim ka indungna babakuna. Indungna, tempat maneh- na ngabudalkeun kandungan kereteg angenna. Dikedalkeun kabeh pantesna teh, dibarengan ku sagala puji ka kuring, pujaanana. Henteu pamohalan bari jeung kaleuwihan teuing oge.

Sari laleah, someah jeung darehdeh pisan indungna teh. Barang breh oge ujug-ujug ngahudang conggah jeung betah bae. Sabalikna pisan ti bapana. Henteu kaasup kucem, tapi getem- kereng paromanna teh, Pantesna jelema cangker-banter pisan keur ngorana mah. Ulat nuresep marentah bari teu paya aya nu magah.

Saperluna pisan bapana mah ngakuna ka kuring teh. Malah karasana bangun, kaku jeung semu angkuh deuih. Da cacakan teu ngarasa punah ku manehna jeung indungna mah, ku manehna pangpangna, karasa pisan nyemah teh tangtuna oge.

Ingetan teh lain nganjang ka bapana ieuh. Ongkoh da ti beurang mah meh tara aya di imah kuring teh. Ray jung, ray jung bae indit jeung manehna, pelesiran ka nu deukeut ka nu anggang, ngumbar kahayang. Tampolana indit isuk datang poek, meneran ka nu jauh mah.

Pangheulana ka Tampaksiring. Ngahaja ngaborong taksi, ngarah laluasa paduduaan, saringgit bulak-balik teh. Ka Ubud, ka Sanur jeung ka Gianyar. Ka Klungkung, Karangasem jeung Kintamani. Ka Guha Gajah deuih.

Nyaho ngaben harita kuring mah, jeung manehna, parengkeur kuring di ditu keneh, piisukaneun balik.

Ari ka Tabanan mah lalajo tajen, nu kabeneran harita usumna diayakeun kalawan idin nu wajib. Ngadu hayam make taji, pepesoan nya seukeut nya lancip, malah seukeut dua beulahanana. Dedengean teh, tina per mobil dijieunna oge. Rubakna wates lima-genep mili, panjang kira sacuruk. Aya nu kakara sageprakan ujug-ujug kelepek bae hayam teh, meneran katojos mamatihna mah, bangkar sapisan.

Ti nu jauh sumawonna ti nu deukeut tungkeb. Nu baroga aduan, nu ngahaja ngadon tarohan, tapi lolobana mah anu ngan

50