ukur resep ngalalajoan. Dikarcis, mayar saketip saurang, asup ka panglalajoan teh, balandongan gede pisan. Pesta rame bae keur kitu mah, mangkaning tara kurang ti saminggu lilana.
Di dinya kuring mah nyaksian urang Bali siga nu kasurupan teh. Dina keur popogotna tohtohan tarohan ngadu hayam. Urang Bali nu kacarita sapopoena hirup diukur ku kepeng, saparapat peser, dina keur kitu mah ringgit diawur-awur dipake tumpangan.
Lalajo janger mah di Den Pasar bae, di Bali hotel.
Nu ceuk tadi asa rek cukup ku Saminggu teh, geus tepung poe betah keneh. Teu aneh-aneh teuing ari papanggihan mah, nu sawareh meunang ngahaja jauh-jauh dijugjug teh. Da betah soteh dina babarenganana. Betah dina guntrengna ti peuting, paduduaan nyaring, ngobrolkeun papanggihan ti beurang.
Nu diajam rek nyesakeun sapoe-dua poe teh, keur ngareureuhkeun cape di Bandung memeh maju deui kana pagawean, teu bisa. Malah nya kitu, kakara jung nyieun indit balik, geus ngalamun pidatangeun deui. Hanjat di Ketapang, ingetan geus sumoreang.
Saterusna, duka kabeberah ku kariweuh gawe sapopoe sugan, papisah jauh teh henteu ari kapati-pati mah. Tapi ari nu karasa teger kana ingetan mah, lantaran geus pada-pada silih cangredkeun katineung. Ieu nu jadi paneuras-paneger rasa teh. Ongkoh deuih papisah-pajauh oge, da terus silih suratan mah. Rata-ratana saminggu sakali, tampolana leuwih kerep, nepi ka teu langka kajadian surat papaliwat di jalan.
Sugan teh rek terus bae kitu, manjang nepi ka katambang beas. Teu, teu nyangka ngan rek nyorang dua kali nganjang, nepungan. Malah nu kadua kalina mah sania jeung henteu. Ujub rek meunang Saminggu, tulusna teu kungsi jejeg sapoe-sapeuting. Ngan ukur lima welas jam paling lila oge. Ukur jejeg peutingna, da beurangna mah ngan kari bucuna harita teh, kuring datang geus liwat asar.
Buntu tuluyna mah lalakon kuring jeung manehna teh. Lantaran upama teu salah sabulan kaduana ti barang kuring mulang