Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngalongkewang, jebul surat manehna nu panganggeusan. Surat nu sagala-galana sabalikna ti nu enggeus-enggeus. Sabalikna ti pirang-pirang surat manehna nu samemehna, nu unggal-unggal sok ditutup ku kecap: ,,Enggal waleran .......: .” atawa: ,,Abdi nu ngantos-ngantos waleran .......”

Surat nu panungtungan tea mah, bubukana oge geus: ,,Ulah diwaleran ieu serat teh engkang, anggur mangga antosan sareng tingalikeun buktina cariosan abdi .........”

Surat wasiat nu ngabejakeun kiamat, tulus manehna direremokeun ka nu ku manehna disebut teu suka-teu sudi geus ti mimiti beunta nyaho lalaki. Heug ieu teh kuring lantaranana. Kuring nu boga dosana. Kuring ngantep manehna nepi ka kitu jadina.

Malah nya rasa-rumasa kitu pisan tuluyna nu mantuan ngariutkeun ingetan kuring kana tumarima oge. Rumasa salah kuring sorangan. Bongan kuring sorangan. Manehna mah kurang kumaha ngelingan ka kuring. Teu kalis ku sindir-sindir, dibelaan bruk-brak terus-terang. Dibelaan ti nyuuh-nyuuh ka kuring, ti ceurik-ceurik. Manehna, awewe! Ari kuring, kasebutna bae lalaki, miyuni hayam kabiri!

Geus bae geus kitu mah enggeusan. Bohong ari disebut poho mah, da keukeuh asa aya nu anteng nganteng dina ingetan. Ngan pangharepan putus. Da nya kitu tea bae, sangkaan teh putus sasemet dinya, tamat lalakon kuring jeung manehna teh.

Nepi ka aya taunna. Dua taun. Tilu taun.

Ari nincak kaopat taunna .........

Teu, sacongo buuk oge teu nyangka. Enya asa dina pangimpian teh.

52