Ceuk nu nyarita, upama teu keur kabeneran alus angin mah, heug ombak kacida motahna, make sok rajeun aya jamna dina kapal oge nyebrang teh. Mana komo dina jukung mah, rea nu bangbaungeun. Lantaran nu sasarina bisa teu kungsi beak sajam teh, dina kituna mah remen kajadian satengah poe can nepi. Kaitung untung keneh dibandingkeun jeung nu angkleung-angkleungan aya poena mah, sawan-kuya di tengah. Atawa nu kalebuh pisan, kungsi kajadian.
Nilik kana sareatna, pantes ditenget-tenget mah. Ngabangun supitan palebah dinya teh. Ka Kidul parat ka Samudra India, kawentar lega tanpa ukuran, jero tanpa jujugan, ka Kaler ka Laut Jawa.
Pangparatan mangrupa corong!
Di tengah mah teu katara. Henteu kaciri saperti di sisi, nyedotna cai laut teh. Pantes rek rea kacaritakeunana atuh nu nyebrang di dinya mah. Nu dina jukung pangpangna, dina meneran nebakna angin awor jeung ”ngocorna” cai sagara.
Dina kapal leutik-leutik oge kuring mah harita teh. Mayar tambangan saringgit, asana. Taya bahan inggis atawa honcewang. Ongkoh kabeneran hade poena deuih, kabiruyungan ku alus angin. Plung-plong tetenjoan teh. Ka lebah urut jeung nu dijugjug, ka beulah kenca jeung katuhu mah kebat nepi ka ”paantelna” cai jeung langit. Plang ngemplang satungtung tingal.