Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Di nu anggang katenjo tingsiriwikna parahu jukung meulah ombak bari diumpal-ampul ku umpal. Dina kabeneran dengdek, siga nu meh-mehan bahe. Biwir parahu teh kawas sahibas jeung kulit cai. Melendungna layar katebak angin, nambahan alusna tetenjoan. Komo nu ngan ukur lapat-lapat. Rapangna di tengah sagara teh kawas kuntul tengah sawah meunang ngangler.

Beulah Kulon ngadingding gunung Ijen siga sundul ka langit. Puncakna henteu katembong, kapindingan mega bodas. Nu mayatna ti luhur ka handap, anu natrat mah. Semu biru lebah leuweung tutupanana, hejo ka lebah tutuganana. Satungtung deuleu tangkal kalapa wungkul, nepi ka nu ngamparna rata bras Ka sisi sagara. Pantes upama aya nu nyebut siga pulo kalapa teh, da teu kaselangan ku nu sejen, teu ku ampah, teu ku sawah, tegal atawa sampalan. Taya rungkun, taya dungus, wungkul tingarulangna palapah kalapa katebak angin sagara, tinggarupay kawas anu ngagupayan.

Sabalikna ti nu keur disanghareupan. Siga gunung tengah laut, taya ciri-cirina nusa kasaba ku jalma. Sabrehan kawas pulo kosong malah. Lantaran ti kajauhan mah ngan leuweung jeung leuweung bae nu kasawang teh. Henteu lempar mayat rata cara anu ditukangan.

Lantaran pareng, keur kabiruyungan ku angin, diitung ti mimiti cat nepi ka jut teh, ukur beak satengah jam. Teu diuk-diuk acan, ngajanteng bae dina dek, da karenyeng hayang geura hanjat.

Mana komo tuluyna mah. Nyorang leuweung bangun weuteuh, siga langka kasaba ku jelema.

Kakayonna galede, jarangkung. Kiara jaranggotan, kopeng lalukutan, sawareh pinuh ditapuk kadaka. Pajeujeut areuy nu gede nu leutik. Di handapna rarembet-rarumpil, bangun suni jeung sanget pisan.

Manggih nu anyar dibuka oge. Ngaremplong tapi bari taringgul tunggul. Catang pasulangkrah teu diarah. Didurukan kitu bae. Ret tunggul nu masih ngelun. Atawa sapotong geus jadi

54