ruhak.
Kungsi bulat-beulit ngais lamping, jalan teh. Tina lebah pencut katembong gunung Batur ngalamuk paul, atra katara wates tutupanana. Rarambuna geus jadi reuma, paselang jeung nu eukeur dijamikeun. Lumbrahna mah keur dipolah. Usum ngawalagar. Ngarelun durukan di nu deukeut di nu jauh, haseupna mumbul ka luhur. Aya nu geus reres disasap oge, kari ngaseuk.
Tuluyna sakuriling bungking manggih kebon kalapa wungkul. Satungtung deuleu teu kaheuleutan ku tetenjoan sejen.
Tas eta ngampar tetelar. Sampalan pangangonan ditema ku pasawahan umpak-umpak, mayat rada bahe ngidul. Brasna ka nu bala tegal siwalan. Ari kebatna pisan mah ka sagara sedeng motah.
Tinggurilap ombak kasorotan sinar nu keur manceran. Tingsalewur mawur diadu pada batur. Atawa muncrat mancawura neunggar karang curi di sisi. Di tengah tingpudugdug deui siga nu paudag-udag. Bagilir nyeblokan basisir anu lega kikisikna.
Sakitu taun ka tukang palebah dinya teh ingetan kuring tinggaleun ngaliuh di Gilimanuk.
Harita sabalikna, miheulaan. Malah geus cunduk ka nu dijugjug, ngamuara di sagara panasaran, muih di tengah-tengah ulekan: Naha make ngabejaan? Enya payahna teh? Ari salakina?.
Campuh pirang-pirang pertanyaan. Ranyong paboro-boro menta jawaban. Nu antekna pisan museur dina: Kasampak, moal?
Ieu yeuh, nu neueul pisan mah kana angen kuring teh.
Kira-kira, pantesna, palebah dinya, sakitu taun katukang kuring uleng nyusurup awak batur teh, nu kapanggih di Gilimanuk. Dicipta disisiga, sanggeus seubeuh maparah jeung ngalelebah.
Harita mah kuring nyusurup awak sorangan, dipapantes di jero kereteg angen. Dicipta|peta kuring lamun nyampak manehna geus euweuh dikieuna. Dicipta peta kuring lamun manehna