Lompat ke isi

Kaca:Babu Kajajaden.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kasampak keneh.

Weleh teu kacipta pipetaeun lamun nyampak manehna geus euweuh dikieuna. Tapi oge weleh teu kacipta, kumaha pipetaeun lamun manehna kasampak keneh!

Rumasa taak. Cara taak kuring sakitu taun katukang, kira-kira sarua palebah dinya, dina otobeus, ngan lain otobeus eta, teu metu nyusurup batur, nu kapanggih di Gilimanuk.

Kasampak ayakeneh dikieuna, kasampak enggeus euweuh dikieuna, duanana matak lewang!

Ku sangkaan geus lila geringna teh. Eta bae nilik kana warugana sakitu ruksakna. Bakat beungeut seukeut, ramping, ngan kari urutna. Sepa teu beda ti mayit. Celong panon jarero, tulang nyalohnyor. Wanda rupa jeung waruga, harita mah ngan kari tapakna, dina ciptaan kuring.

Lila kuring ngajanteng gigireunana. Nepi ka gekna pisan diuk, sanggeus karasa aya nu nyurungkeun korsi ti tukangeun.

Jongjon neuteup nu namprak hareupeun. Ayeuna mah peureum, kawas sare. Atuh ambekanana henteu renghap-ranjug teuing.

Saperluna pisan kuring nyarita jeung pribumi teh. Pasal surat kawat,katampana, lalakon di jalan, geus bae. Henteu ngeunaan anu gering mah. Kuring teu ngamimitian, itu henteu ngajalanan. Ukur: „Keun bae, da sare geuning ayeuna mah!” pokna ngajurung reureuh ka kuring

Bari nangkarak, lalampahan ti barang nampa telegram nepi ka harita nyorangan di kamar, sakolepat nembongan deui. Breh bae tuluyna mah dina lalangit katil teh Bali: dianger, tajen, ngaben, Karangasem, Klungkung, Gianyar, Tampaksiring, Sanur, Kintamanik, Guha Gajah ........

Asa kakara salenyepan sare teh, korejat hudang. Kageuingkeun ku nu tinggerendeng sora nu nyaring. Di dapur sada nu keprak-kepruk mirun seuneu.

„Kagimbreungan meureun, nya?!” ceuk bapana di tengah imah, barang kuring nyampeurkeun ka dinya. „Itu geuning adina kawas rek cageur, make hayang dahar. Eukeur dipangmubur-

56