keun. Bongan ari ngahaja-haja disadiakeun tara direret-reret acan. Geus sababaraha poe ngan ukur cai.”
Kuring acan kaburu nembalan, bapana geus pok deui: „Dibejakeun urang Bandung sumping, ngan keur kulem, mopo perjalanan!”
Sapok-pokeun kuring nyebut rek dipanggihan, kapiheulaan deui bae: „Geura, da nyaring jeung embina!” pokna bari nunjuk ka kamar nu gering.
Teu kungsi dipindo, lalaunan kuring mukakeun panto.
Kasampak keur diusapan sirahna ku indungna. Diberesan buukna nu jempet meh jadi hiji.
„Tuh geuning engkangna gugah!” ....... indungna bari malik ka kuring keur nyekelan keneh kenop panto, rek dipeundeutkeun.
„Heug geura cageur ayeuna mah, da aya engkangna!” pokna ka nu gering. Bari nyodorkeun korsi urut diukna ka kuring, indungna bijil, rek nyokot bubur, cenah.
Satengah ngaharewos kuring nyoba-nyoba ingeteun henteuna: „Ieu engkang! ................”
Ngan ukur ngareret minangka nembalanana teh. Deudeuleuan, bari: rada mesem manehna narik tangtung simbutna ka luhur, disina ngarungkupan nepi ka laput nariguna. Tuluy reup, deui bae peureum.
Nah atuh ari breh teh dina implengan, keur di Celebesstraat, di kamar paduduaan!
Kuring ngusap beungeut.
Jol indungna mawa bubur, encer meh citajen. Waktu diasongken, manehna gogodeg.
„Tuh da kitu, Aden!” indungna bari malik ka kuring. „Paribasa hayang dahar, ari diasongan gogodeg,” pokna.
Ku kuring ditampanan bubur teh.
„Cik, sugan ku Aden mah puruneun,” pokna bari kaluar.
Lalaunan ku kuring disina rada cengkat nu gering teh. Basana bae kitu soteh. Da saenyana mah ku tanaga leungeun kuring rada diangsrodkeun kana anggel.