Kakara tilu sendok leutik geus mugen. Luput teu daek tuluy. Atuh ku kuring oge dianteur bae kaembungna teh. Ongkoh ingetan teh kuriak matak kateuhak.
Geus bau subuh kuring masih keneh candukul nungguan. Moal nyingkah lamun manehna henteu keukeuh mah, ngajurung sare ka kuring. Manehna anu sakitu payahna, melangeun bisi kuring gering! Nu matak kuring ngagugu.
Isukna kabeurangan kuring hudang teh.
„Kawas enya rek cageur ayeuna mah,” ceuk bapana di tepas minangka ngabageakeun kuring bijil ti kamar hareup. „Make hayang mandi sagala. Eukeur diseka ku embina,” pokna ka kuring.
Geus anggeus disekana, nu gering teh hayang pindah ka tepas. Atuh jung bae ku kuring dipangku. Dijepatkeun dina korsi panjang. Gek kuring diuk dina korsi duduk gigireunana, ngabandingan.
Sedeng haneut moyan. Beuki cenghar bae katenjona teh. Malah make daek jeung kuat nyarita sagala ayeuna mah. Bangun kagokeun keneh, kawas budak keur mimiti diajar ngomong. Keur mah eukeur bakatna, henteu lancar nyaritana.
Pok-pokanana henteu ngaleunjeur, kalimahna pararegat. Sababaraha kecap malah henteu kaharti maksudna. Kayungyun bae nu aya kuring mah!
Ras ka sakitu taun katukang. Di dinya, di tepas, dina korsi, ngan ain korsi eta, manehna kasampak ku kuring keur maca lontar. Tuluy guntreng jeung kuring .........
Kakara harita manehna nanyakeun iraha datang, jeung saha nu ngabejaan. Dijawab saperluna bae.
Teu inget cenah waktu kuring datang teh.
Ras deui kuring ka waktu kuring datang sakitu taun katukang. Manehna norojol ka panto, mapagkeun bari bear marahmay .....
Nya kitu deui waktu janari leutik kuring nyampeurkeun manehna, ukur asa dina pangimpian magarkeun teh. Padahal hari ta kuring aya jamna ngabanding teh. Nepi ka dihuapan bubur