Oge keukeuh teu inget bener, cenah.
Sanajan ngakuna ayeuna mah geus inget bener, kuring teu pati percaya. Eta da pamoiahna beda. Ka kuring kawas nu lain sawajarna. Keukeuh embung dijauhan. Nepi ka sakalieun rek ditinggalkeun dahar oge, geus sababaraha kali kuring dimanggakeun ku indungna, xu bapana, embung. Atuh usum ngariung teh kuring mah ngalas bae, ngadon dahar di tepas gigireunana. Ongkoh sugan nu gering kabitaeun, ceuk indungna.
Sapoe eta manehna teu anggang ti kuring. Ngadak-ngadak embung dibaturan ku nu lian. Embungeun ku indungna oge, mun henteu dipaksa mah, sabot kuring mandi, pasosorena.
Manggih peuting kadua mah ponyo mondok teh. Da ingetan mimiti namper, nenjo nu gering rerep, sare tibra ti sore keneh. Atuh kuring oge buru-buru bae ngampih.
Anu matak teu kira-kira bae kagetna, barang pukul tilu janari kuring ngadenge nu ngoceak di tengah imah teh. Kuring satengah luncat tina tempat tidur. Kasampak nu gering keur pada ngarubung-rubung, diceungceurikan. Deudeuleuan teh aya duaan-tiluan deui, jaba ti indung-bapana.
Kuring nyelendep. Lailaunan nu kapiuhan teh ku kuring dipangku. Dicengkatkeun meueusan.
Ku kuring masih keneh ditanggeuy, waktu manehna siga nu ingeteun deui teh. Eta da make rarat-reret, kawas aya nu diteangan. Meneran lebah beungeut kuring, reg panonna ngarandeg.
Deudeuleuan teh ngunyem hayang nginum. Tapi barang dicoba diuyupan, kalah ka kabesekan. Mimiti nu araya Samar polah.
Kuring masih pangger nanggeuy manehna. Ambekanana sakapeung kerep, sakapeung deui teu katara ngala nyawa.
Tetenjoan kuring mimiti beda. Beda karasana oge. Ngan teu geruh bae.
Peureum ayeuna mah. Tapi ngarenghapna beuki kerep. Ngahanju.
Teuing ku nu lian. Ku kuring mah tetela pisan kabaca geter